Leres kukitu tea mah kang Hasan, ngan hanjakal kanyataanana weh... leuwih loba 
nu resep nongton pilm tibatan maca buku. Contona Harry Potter, loba jalma nu 
karek ningali kandelna buku ge geus wegah, aya oge nu meuli ngan ukur gayana 
wungkul, dibaca mah henteu, mending ge nongton pilmna cenah dua jam ge beres, 
jeung tibatan maca, meakeun waktu mang poe poe. 
Janten ide ieu mah ukur nyumponan kahayang konsumen, nu resep maca, mangga aya 
bukuna. Nu resep dipangmacakeun, aya dongeng pasosore na radio. Nu resep 
komik?, kamana atuh nya komik Indonesia? kalahka komik Jepang ceuyah di mana 
mana. Nu resep nongton pilm, atuh kantenan ieu mah lahan bisnis produsen pilm, 
meungpeung dunia sinetron keur naek daun.  Jeung tibatan nongton pilm nu teu 
pararuguh, mending ge nongton  sinetron "Dongeng Andi jago tutugan", kitu sanes?

kang Trias
 
Hasan Supriadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                     
Kang Trias...
 ceuk pangilo sayah mah, budaya tipi teh langkung  awon tibatan budaya radio 
atau budaya baca...
 budaya radio atawa budaya baca mah tiasa ngalatih  "kemampuan/daya" fantasi 
sareng kreativitas nu ngadangu atawa  nu macana...
  
 pokona mah matak pogot lah...
  
  
 ^_^
  
  
    ----- Original Message ----- 
   From:    trias    santosa 
   To: [email protected] 
   Sent: Tuesday, September 25, 2007 6:18    PM
   Subject: Re: [Urang Sunda] Dongeng    Pasosore
   

         
Dongeng pasosore na radio ayeuna geus teu populer deui, sabab geus    kasilep 
ku TV.
   Jadi numutkeun erongan, mun digentos ku sinetron dina basa sunda    sigana 
bakal payu, ngan caritana kudu alus, ulah kaelehkeun ku sinetron    Amerika 
latin atawa sinetron Indonesia nu kuat pisan pangaruh batawina. Der    
ah........
    
   kang Trias 

Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]>    wrote:
             Anu paling sae soanten istrina mah asana mah juru dongeng ti Radio 
     Garuda Bandung anu teras ngalih ka Radio Sangkuriang, nyaeta mang Rahmat   
   Dipraja.

salam,
Asep

arief priana      <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                    
Tuluy juru dongeng teh ngalobaan, di antarana Wa Kepoh.  Eta        oge 
dongengna rarame...malah sora awewena mani nyari        pisan....heuheuheu...





   .
 
  
     
                       
 
       
---------------------------------
 Check out  the hottest 2008 models today at Yahoo! Autos.

Kirim email ke