Hatur nuhun ka kang Dudin, kang Yuliadi, kang Agus sareng anu sanesna. Ku 
pribados bade dirangkum bae nya pamendakna masing-masing.
   
  Kang Dudin, kang Yuliadi nyaurkeun wireh seueur wewengkon di Banten nganggo 
basa Sunda; aya Malingping, Rangkas, Pandeglang. (Baduy mah kalangkung nya 
henteu aya anu noel).

   
  Kang Yuliadi oge maparin conto basa Jawa sareng basa Banyumasan anu dianggo 
di 2 kota nyaeta Serang sareng Cilegon.
   
  Kang Ahmad Sopiani gaduh pamadegan wireh budaya tutur peryogi sareng kondisi 
basa Sunda di Banten matak hanjelu kumargi pangaruh pendatang Betawi.


  Kang Nandar ngaraos beurat ngajarkeun basa Sunda di lingkungan anu mayoritas 
pendatang.
   
  Teh Herni sapagodos sareng pribados wireh peryogi pisan pangajaran basa Sunda 
di Banten.
   
  Kang Agus Paku Sarakan ngusulkeun cara:
   
  1. Ulah alergi ku Politik
  2. Rebut pos pos strategi di unggal wewengkon
  3. Kedah jadi pamingpin ti tingkat paling handap dugi ka paling luhur.
   
  Saur kang agus deui, lain waktuna ngarojong kapamimpin da' kitu geuning
  bu atut oge jantena sanes lantaran didukung kurakyat tapi menang pangdukung 
anu kuat di Jawara Banten. Kacida pisan urang banten / pamimpin banten mun nepi 
tea ka tilem basa sunda ti banten anu mayoritas selerna Sunda sareng Baduy 
(masih Sunda oge). Peupeujeuh, cing ka urang cilegon sing apal sajarah atuh .
   
  Kang Duddy RS ngusulkeun kang Kumincir kanggo janten calon independen.
   
  Kang Denny, ajengan Keresek, emut ka Bayah.
   
  Aki Tams palay urang Sunda sangkan jadi anu pang ceupna (berprestasi?); 
ngadorong pamingpin ngurus masalah anu karaos.


  Kang Trisno hoyong urang Sunda nanjeur di sagala widang. Ngan hanjakal urang 
Sunda mah gampil dipecah belah.


  Kang Agus Paku Sarakan nambihan, salain ti eta urang sunda mah loloba sanes 
loloba ketang hampir 99% mun ka dulur sorangan sahaok kadua gaplok bari someah 
kasemah
   
      cita 2 kang Agus, jauh boga harapeun urang sunda ngahiji runtut raut 
sauyunan nya atuh Urang Bakus alias wargi KUSNET nu ngahiji sabobot sapihanan 
sareundeut saigel kacai jadi salewi kadarat jadi salogok babarengan dina 
nanjeur kan kasundaan jeung ka bebeneran.  Hiji nu matak hese urang sunda 
ngajihi US mah teu kaopan mun di kiritik jeung di geunggeeureuh ku US deui.
 
   
  Ku pribados disimpulkeun wae nya.


Mung di kota Serang sareng Cilegon aya basa seler sanes. Tangerang kapangaruhan 
ku Batawi. Mayoritas wewengkon Banten teh nya urang Sunda. Mung nasib basa 
Sunda di Banten matak hanjelu, kumargi urang Sundana sorangan anu teu ngamumule 
basasa sareng pamarentah Banten anu henteu pro kana budaya mayoritas penduduk 
Banten.
   
  Kumaha carana: urang Sunda kedah majeng, wantun janten pamingpin, basa Sunda 
kedah diajarkeun di Banten supados budaya tutur teu luntur.
   
  Mung, punten janten kapapanjangan, aya deui patarosan ti pribados:
   
  
   Kedah      kumaha carana supados urang Sunda ulah alergi ku politik sareng 
kedah      wantun janten pamingpin?
   Kumaha      carana supados basa Sunda diajarkeun di Banten? Ngadamel petisi 
ka Pemda Banten? Atanapi kedah      kumaha?
   
  Salam,
  Asep
  

"Agus K \"PAKUSARAKAN\"" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                             
  
Bener kang tri eta pisan hiji kalemahan urang sunda nu teu bisa di pungkiri 
jeung hese di benerkeun nana
 salian ti urang sunda gampil di adudombakeun nya kitu tea gampil di 
fitenahnah...





Asep

       
---------------------------------
Need a vacation? Get great deals to amazing places on Yahoo! Travel. 

Kirim email ke