Versi hereuy iyeu mah

-----
Bantan misah di jabar teh lain alantaran ngarasa dijajah kupriangan
tapi :
1. Diojok2 ku Gubernut DKI nu karek di ganti
2. Di ojok ku Katurunan mataram nu hayang misahkeun / ngancurkeun kasundaan
3. NU nyarios banten asa dijajah teh lolobna mah sanes urang sudan banten
asli tp urang pendatang...



On 9/26/07, brad porenges <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Eces, Temres tur Bentes!
> Kahartos, satuju.
> Katinggal "Legok Tapak Genteng Kadekna".
> Katampi pisan, haturnuhun.
>
> Baktos,
>
> siporenges
>
>
> Ngiluan ah. Sigana mah nu nyababkeun urang banten ngarasa "kajajah" ku
> urang
> Priangan teh pedah eta, loba pejabat nu "ngageugeuh" di Banten, lolobana
> urang Priangan. Aya sajarahna kunaon urang Priangan jadi ngadominasi di
> Banten. Keur jaman kolonial, urang Banten teh ngalawan wae ka Walanda,
> maklum Banten pan urut karajaan/Kasultanan , jadi kareueus (harga dirina)
> gede pisan. Beda jeung urang Priangan nu ngalaman "kajajah" sababraha
> kali.
> Mimiti ku Mataram terus diteruskeun ku Walanda. Urang Priangan relatif
> leuwih narurut, tibatan urang Banten Akibatna ku narurut ieu, pangwangunan
>
> di Priangan, kaasup pendidikan leuwih maju tibatan Banten. Urang Priangan
> jadina leuwih kadidik, pangpangna mah kaum menak/priyayina. Tanggtu we
> Walanda leuwih resep ngangkat jalma nu kadidik jeung nurut tinimbang jalma
>
> nu ngalawan wae, maklum aranna ge nu ngajajah.Tapi ieu umumna, sabab aya
> oge urang Banten, menakna, nu jadi orang Indonesia munggaran nu jadi guru
> besar di Leiden (Prof Dr. Husein Djayadiningrat) .
>
> Hanjakal na teh sanggeus merdeka, kabiasaan ieu teh tetep dibawa-bawa,
> urang Priangan loba nu jadi pejabat di Banten. Jadi urang Banten ngarasa
> kasingkirkeun. Akibatna nya jadi "merdeka" ...hehehehe. Nya mudah-mudahan
> we ari geus dipimpin ku putra daerah mah, Banten langkung maju. Da masih
> dikukumaha oge, Banten tetep Sunda, ngan kacampuran saeutik ku etnik sejen
>
> beulah kaler .......
>
> Ngan hiji nu kudu dijieun pelajaran, yen NGALAWAN wae teh goreng, kudu aya
>
> kompromi jeung nu boga kakawasaan. Daerah-daerah di Indonesia nu dina
> sajarahna gede sikep patriotismeu dina ngalawan penjajah, malah jadi
> daerah
> tinggaleun siga BANTEN jeung ACEH. Conto sejenna urang Indian di Amerika
> Serikat. Ngalawan terus, patriotismeu ......tapi akhirna nasib urang
> Indian
> malah jadi ampir tumpur, sesana dikumpulkuen di daerah suaka.
>
> Tapi eta meureun nu disebut realitas kahirupan teh ......
>
> *) Dina Tinju aya kelas BANTAM, Kecap BANTAM ieu asalna tina kecap BANTEN.
>
> Tina kecap ieu oge, katingali yen kawani/ kajawaraan urang Banten diaku ku
>
> dunya internasional ....
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>
>
> ------------------------------
> Be a better Globetrotter. Get better travel answers
> <http://us.rd.yahoo.com/evt=48254/*http://answers.yahoo.com/dir/_ylc=X3oDMTI5MGx2aThyBF9TAzIxMTU1MDAzNTIEX3MDMzk2NTQ1MTAzBHNlYwNCQUJwaWxsYXJfTklfMzYwBHNsawNQcm9kdWN0X3F1ZXN0aW9uX3BhZ2U-?link=list&sid=396545469>from
> someone who knows.
> Yahoo! Answers - Check it out.
>
>  
>



-- 
-----------------------------------------------------------
AGUS PAKUSARAKAN
08128377662
www.hr-uwj.com (mangga geura deu2l dulur urang rek manggung
-----------------------------------------------------------
Koperias Amanah Sunda
www.inkas.wordpress.com
www.azzoman.wordpress.com
www.azzoman.indonetwork.co.id
www.indonetwork.co.id/azzoman
---------------------------------------------------------------------
http://aguspakusarakan.blogspot.com/
http://geocities.com/prabu_siliwangi
http://geocities.com/lodaya_9
http://siliwangi.blogs.friendster.com

Kirim email ke