Eces, Temres tur Bentes!
Kahartos, satuju.
Katinggal "Legok Tapak Genteng Kadekna".
Katampi pisan, haturnuhun.
Baktos,
siporenges
Ngiluan ah. Sigana mah nu nyababkeun urang banten ngarasa "kajajah" ku urang
Priangan teh pedah eta, loba pejabat nu "ngageugeuh" di Banten, lolobana
urang Priangan. Aya sajarahna kunaon urang Priangan jadi ngadominasi di
Banten. Keur jaman kolonial, urang Banten teh ngalawan wae ka Walanda,
maklum Banten pan urut karajaan/Kasultanan , jadi kareueus (harga dirina)
gede pisan. Beda jeung urang Priangan nu ngalaman "kajajah" sababraha kali.
Mimiti ku Mataram terus diteruskeun ku Walanda. Urang Priangan relatif
leuwih narurut, tibatan urang Banten Akibatna ku narurut ieu, pangwangunan
di Priangan, kaasup pendidikan leuwih maju tibatan Banten. Urang Priangan
jadina leuwih kadidik, pangpangna mah kaum menak/priyayina. Tanggtu we
Walanda leuwih resep ngangkat jalma nu kadidik jeung nurut tinimbang jalma
nu ngalawan wae, maklum aranna ge nu ngajajah.Tapi ieu umumna, sabab aya
oge urang Banten, menakna, nu jadi orang Indonesia munggaran nu jadi guru
besar di Leiden (Prof Dr. Husein Djayadiningrat) .
Hanjakal na teh sanggeus merdeka, kabiasaan ieu teh tetep dibawa-bawa,
urang Priangan loba nu jadi pejabat di Banten. Jadi urang Banten ngarasa
kasingkirkeun. Akibatna nya jadi "merdeka" ...hehehehe. Nya mudah-mudahan
we ari geus dipimpin ku putra daerah mah, Banten langkung maju. Da masih
dikukumaha oge, Banten tetep Sunda, ngan kacampuran saeutik ku etnik sejen
beulah kaler .......
Ngan hiji nu kudu dijieun pelajaran, yen NGALAWAN wae teh goreng, kudu aya
kompromi jeung nu boga kakawasaan. Daerah-daerah di Indonesia nu dina
sajarahna gede sikep patriotismeu dina ngalawan penjajah, malah jadi daerah
tinggaleun siga BANTEN jeung ACEH. Conto sejenna urang Indian di Amerika
Serikat. Ngalawan terus, patriotismeu ......tapi akhirna nasib urang Indian
malah jadi ampir tumpur, sesana dikumpulkuen di daerah suaka.
Tapi eta meureun nu disebut realitas kahirupan teh ......
*) Dina Tinju aya kelas BANTAM, Kecap BANTAM ieu asalna tina kecap BANTEN.
Tina kecap ieu oge, katingali yen kawani/ kajawaraan urang Banten diaku ku
dunya internasional ....
Baktos,
WALUYA
---------------------------------
Be a better Globetrotter. Get better travel answers from someone who knows.
Yahoo! Answers - Check it out.