Tah kitu upami pamendak bu Sofi ngeunaan rangkuman sareng kasimpulan anu kening 
narik ti akang-akang teh. Kumaha atuh kedangna numutkeun bu Sofi? Sok ah ulah 
isin-isin. 

Salam,
Asep


---------------------------------
 From: sofi [mailto:[EMAIL PROTECTED]  
Sent: 25 September 2007 14:22
To:  'hadiyana'
Subject: RE: Hal: [Urang Sunda] Kumaha Perkembangan Basa  Sunda di Banten?


 
  Lami pisan atuh  prosesna kang asep, upami urangsunda kedah majeng mah, 
kaburu  leungit basa  sundana.
  
 Sofi  
  
   
---------------------------------
 
 From:  [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of 
Aschev Schuraschev
Sent: Tuesday, September 25, 2007 1:55  PM
To:  [email protected]
Subject: Re: Hal: [Urang Sunda] Kumaha  Perkembangan Basa Sunda di Banten?

  
     Hatur nuhun ka kang Dudin, kang Yuliadi, kang Agus  sareng anu sanesna. Ku 
pribados bade dirangkum bae nya pamendakna  masing-masing.

   

  Kang Dudin, kang Yuliadi nyaurkeun wireh seueur  wewengkon di Banten nganggo 
basa Sunda; aya Malingping, Rangkas, Pandeglang.  (Baduy mah kalangkung nya 
henteu aya anu  noel).

   

  Kang Yuliadi oge maparin conto basa Jawa sareng basa  Banyumasan anu dianggo 
di 2 kota nyaeta  Serang sareng Cilegon.

   

  Kang Ahmad Sopiani gaduh pamadegan wireh budaya tutur  peryogi sareng kondisi 
basa Sunda di Banten matak hanjelu kumargi pangaruh  pendatang Betawi.

   

  Kang Nandar ngaraos beurat ngajarkeun basa Sunda di  lingkungan anu mayoritas 
pendatang.

   

  Teh Herni sapagodos sareng pribados wireh peryogi pisan  pangajaran basa 
Sunda di Banten.

   

  Kang Agus Paku Sarakan ngusulkeun  cara:

   

  1. Ulah alergi ku  Politik

  2. Rebut pos pos strategi di unggal  wewengkon

  3. Kedah jadi pamingpin ti tingkat paling handap dugi ka  paling luhur.

   

  Saur kang agus deui, lain waktuna ngarojong kapamimpin  da' kitu geuning

  bu atut oge jantena sanes lantaran didukung kurakyat  tapi menang pangdukung 
anu kuat di Jawara Banten. Kacida pisan urang banten /  pamimpin banten mun 
nepi tea ka tilem basa sunda ti banten anu mayoritas selerna  Sunda sareng 
Baduy (masih Sunda oge). Peupeujeuh, cing ka urang cilegon sing apal sajarah 
atuh  .

   

  Kang Duddy RS ngusulkeun kang Kumincir kanggo janten  calon independen.

   

  Kang Denny, ajengan Keresek, emut ka  Bayah.

   

  Aki Tams palay urang Sunda sangkan jadi anu pang ceupna  (berprestasi?); 
ngadorong pamingpin ngurus masalah anu  karaos.

  



  Kang Trisno hoyong urang Sunda nanjeur di sagala widang.  Ngan hanjakal urang 
Sunda mah gampil dipecah  belah.

   

  Kang Agus Paku Sarakan nambihan, salain ti eta urang  sunda mah loloba sanes 
loloba ketang hampir 99% mun ka dulur sorangan sahaok  kadua gaplok bari someah 
 kasemah

   

  cita 2 kang Agus, jauh boga harapeun urang sunda ngahiji  runtut raut 
sauyunan nya atuh Urang Bakus alias wargi KUSNET nu ngahiji sabobot  sapihanan 
sareundeut saigel kacai jadi salewi kadarat jadi salogok babarengan  dina 
nanjeur kan kasundaan jeung ka bebeneran.  Hiji  nu matak hese urang sunda 
ngajihi US mah teu kaopan mun di  kiritik jeung di geunggeeureuh ku US  deui.

   

  Ku pribados disimpulkeun wae  nya.

   

  Mung di kota Serang  sareng Cilegon aya basa seler sanes. Tangerang 
kapangaruhan ku Batawi. Mayoritas  wewengkon Banten teh nya urang Sunda. Mung 
nasib basa Sunda di Banten matak  hanjelu, kumargi urang Sundana sorangan anu 
teu ngamumule basasa sareng  pamarentah Banten anu henteu pro kana budaya 
mayoritas penduduk  Banten.

   

  Kumaha carana: urang Sunda kedah majeng, wantun janten  pamingpin, basa Sunda 
kedah diajarkeun di Banten supados budaya tutur teu  luntur.

   

  Mung, punten janten kapapanjangan, aya deui patarosan ti  pribados:

   

    
   Kedah kumaha    carana supados urang Sunda ulah alergi ku politik sareng 
kedah wantun janten    pamingpin?    
   Kumaha carana    supados basa Sunda diajarkeun di Banten? Ngadamel petisi ka 
Pemda Banten?    Atanapi kedah kumaha? 
   

  Salam,

  Asep

 

"Agus K \"PAKUSARAKAN\""  <[EMAIL PROTECTED]>  wrote:
   Bener kang tri eta pisan hiji kalemahan urang sunda nu  teu bisa di pungkiri 
jeung hese di benerkeun  nana

  salian ti urang sunda gampil di adudombakeun nya kitu  tea gampil di 
fitenahnah...


 









Asep

       
---------------------------------
Take the Internet to Go: Yahoo!Go puts the Internet in your pocket: mail, news, 
photos & more. 

Kirim email ke