Enya, lamun urang ngadenge hiji buku didongengkeun ku
batur, tur juru dongengna mibanda kamampuan anu matak 
bisa mawa pendengarna kana situasi anu di caritakeun,
matak resep  ngabandungannana.

Ngan lamun urang maca sorangan, sok leuwih pogot,
sabab urang bisa ngabayangkeun, jeung bisa mere warna
pribadi , anu ukur bisa dinikmati kunu macana.

Sababara kali kuring lalajo boh film, atawa Telefilm
ngeunaan Le Comte de Monte-Cristo, sanajan sakumaha
resepna, tepikeun ka Cd dilalajoan sababara kali, tapi
waktu maca bukuna mah aya hiji kapuasan sejen, anu
beda jeung lalajo filmna.
-  Hanjakal dina terjemahan boh basa sunda/kungsi
dimuat dina Mangle,tawa basa indonesiana mah loba
teuing – potong jalanna -  nya alhamdulillah
sanggeus kuring rada ngarti basa perancis, nya eta
buku dibaca deui, rarasaan teh leuwih pogot tinu
enggeus enggeus ,

Tata La Seyne 

--- Hasan Supriadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Kang-Kang... (seueur maksadna)
> dongeng-dongeng Ua Kepoh, Mang Jaya saparakanca
> model si Rawing, si Buntung Jago Tutugan jeung
> sajabana moal matak pogot mun ukur di baca tulisanna
> wungkul...
> kedah didangukeun langsung tina radio atawa kasetna
> (rekamanna)...
> dina buku/tulisan mah moal aya sora "peureup
> NGAHIUK... JEBREEET !!!" atawa sabangsaning
> sosora-an mun keur aya nu adu jajaten... 
> atawa sora kacapi suling mun nu boga lalakon keur
> lalampahan...(matak wa-as heuheuheu)...
> 
> tah nu matak, kumaha mun nu diiparian teh tong
> buku/tulisanna, mendingan dipilarian rekamanna...
> mun can aya, urang sakalian ngadamel petisi ka
> radio2 nu bareto nyiarkeun eta dongeng (radio Shinta
> atawa Garuda di bandung... radio naon we nya di
> Tatar Sunda seujeunna ?!)... supaya di damel kaset /
> CD, teras di-ical ka warga KUSNET atawa warga sunda
> sadunya... tangtos kanu ngadongengna kudu kedah idin
> heula... 
> eh ari dongeng di radio sok direkam tara nya ?! eta
> we bareto Ua Sas gaduh hasil rekaman kendang penca
> ti RRI... sugan dongeng2 sunda ge aya rekamanna...
> bisa jadi salah sahiji cara keur miara basa sunda...
> 
> 
> sok inget bareto mah mun keur puasa ereng-erengan
> jiga wayah kieu, aya dongeng si Lamsijan atawa
> dongeng si Kundang jeung Abah Jangkung-na (iklan-na
> Baso nu ukuran badag tea... baso naon nya poho deui
> euy, baso panghegar kitu ?!)
> 
> 
> ^_^
> halah pabaliut basa-na euy... hampura baraya
> 
> 
> 
> 
>   ----- Original Message ----- 
>   From: alan susanto 
>   To: [email protected] 
>   Sent: Tuesday, September 25, 2007 11:58 AM
>   Subject: Hal: Balasan: [Urang Sunda] Dongeng Andi
> jago tutugan
> 
> 
> 
>   ari kitumah idem atuh kang, urang bagi bewara atuh
> nya, saha wae anu menndakan tipayun pasihan terang
> nya.
>   nuhun pisan
> 
>   alan susanto
> 
> 
>   ----- Pesan Asli ----
>   Dari: Tata Noers <[EMAIL PROTECTED]>
>   Kepada: [email protected]
>   Terkirim: Senin, 24 September, 2007 10:20:13
>   Topik: Balasan: [Urang Sunda] Dongeng Andi jago
> tutugan
> 
> 
>   .Upami teu lepat mah judulna eta seri/buku teh SI
>   BUNTUNG JAGO TUTUGAN, karangan alm. S.SUKANDAR,
> nya
>   eta sim kuring oge nuju milarian, tah upami aya
> anu
>   gaduh koleksi lengkepna tiasa di tawiskeun ka sim
>   kuring sabaraha pangaosna.
> 
>   Tata La Seyne
> 
>   --- alan_susanto73 <alan_susanto73@ yahoo.co. id>
> wrote:
> 
>   > sampurasun baraya kusnet sadayana, wilujeng
> tepang
>   > sareng simkuring
>   > pun alan anu kasep tea......... he he he
>   > 
>   > kapungkur basa nuju resep keneh ngojay
> diwalungan
>   > bari ditataranjang (
>   > sanes porno sun ). simkuring ari pasosonten
>   > kinten-kinten tabuh 4
>   > sonten sok remen ngadangukeun ( wartosan bilih
> lepat
>   > ) dongeng sunda
>   > ti Radio garuda anu penyiarna teh mang Ersus anu
>   > judulna teh " andi
>   > jago tutugan " tah kukituna ( naonnya....) sim
> kuring
>   > seja nyungkeun
>   > tulung kabaraya kusnet sadayana cing dimana abdi
>   > kedah mendakan eta buku.
>   > 
>   > haturnuhun kana bantosan nana
>   > salam tipun alan anu kasep sameueus
>   . 
>    



      
________________________________________________________ 
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru! 
http://id.yahoo.com/

Kirim email ke