Wacana perkara dongeng/sinetron di radio sareng tivi,
jadi emut ka gan Marshall McLuhan, salah sahiji
dedengkot ahli media. Ceuk manehna, media teh boga
karakteristik anu beda-beda, anu tangtu wae pangaruhna
oge beda oge. Saperti Koran/majalah atawa radio boga
karakteristik "hot media", tapi televisi
karakteristikna teh "cool media". Anu dimaksud cool
media teh nyaeta, upama urang maca/mirengkeun
media-media anu disebut di luhur, teu pati kudu
ngetrukeun imajinasi pikeun "memahaminya". tapi
sabalikna ari hot media, urang kudu konsentrasi, jeung
ektsra ngagunakeun pancaindra pikeun ngaregepkeunana.
Dina migunakeun media mana anu paling cocok pikeun
ngatik barudak, gumantung kana naon anu rek diajarkeun
pikeun barudak. Dua karakteristik media eta jadi
"saling melangkapi". Jadi teu tiasa disalahkeun ka
media, lamun kaayaan barudak ayeuna leuwih resep
nongton batan maca. tinggaluangna wae, kumaha
ngamangpaatkeun media-media anu disebut di luhur.
baktos,
mrachmatrawyani
--- trias santosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Dongeng pasosore na radio ayeuna geus teu populer
> deui, sabab geus kasilep ku TV.
> Jadi numutkeun erongan, mun digentos ku sinetron
> dina basa sunda sigana bakal payu, ngan caritana
> kudu alus, ulah kaelehkeun ku sinetron Amerika latin
> atawa sinetron Indonesia nu kuat pisan pangaruh
> batawina. Der ah........
>
> kang Trias
>
> Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Anu paling sae soanten istrina mah asana
> mah juru dongeng ti Radio Garuda Bandung anu teras
> ngalih ka Radio Sangkuriang, nyaeta mang Rahmat
> Dipraja.
>
> salam,
> Asep
>
> arief priana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Tuluy juru dongeng teh ngalobaan, di antarana Wa
> Kepoh. Eta oge dongengna rarame...malah sora
> awewena mani nyari pisan....heuheuheu...
>
>
>
>
>
>
> Asep
>
> ---------------------------------
> Building a website is a piece of cake.
> Yahoo! Small Business gives you all the tools to get
> online.
>
>
>
>
> ---------------------------------
> Be a better Globetrotter. Get better travel answers
> from someone who knows.
> Yahoo! Answers - Check it out.
____________________________________________________________________________________
Looking for a deal? Find great prices on flights and hotels with Yahoo!
FareChase.
http://farechase.yahoo.com/