hot media jeung cool media di batur mah naha tiasa jalan beriringan,
tina carita ti buku anu diangkat ka layar lebar sarua hade-na..klop.
harry potter,spiderman,superman, carita hc anderson,sinchan,wong fei
hung..jrrd..
naha ari di urang mah rada jingjet...!!??
maca komik mang Darda alias si buta dari guha hantu, si tolol,wiro
sableng,Lupus jrrd
dina buku mah sakitu pogot-na..
naha atuh ari dina layar lebar bet jadi garing....
jadi katempo pisan perbedaan karakteristikna teh.

(mudah2an epigram mah teu kitu..)



On 9/25/07, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Wacana perkara dongeng/sinetron di radio sareng tivi,
> jadi emut ka gan Marshall McLuhan, salah sahiji
> dedengkot ahli media. Ceuk manehna, media teh boga
> karakteristik anu beda-beda, anu tangtu wae pangaruhna
> oge beda oge. Saperti Koran/majalah atawa radio boga
> karakteristik "hot media", tapi televisi
> karakteristikna teh "cool media". Anu dimaksud cool
> media teh nyaeta, upama urang maca/mirengkeun
> media-media anu disebut di luhur, teu pati kudu
> ngetrukeun imajinasi pikeun "memahaminya". tapi
> sabalikna ari hot media, urang kudu konsentrasi, jeung
> ektsra ngagunakeun pancaindra pikeun ngaregepkeunana.
> Dina migunakeun media mana anu paling cocok pikeun
> ngatik barudak, gumantung kana naon anu rek diajarkeun
> pikeun barudak. Dua karakteristik media eta jadi
> "saling melangkapi". Jadi teu tiasa disalahkeun ka
> media, lamun kaayaan barudak ayeuna leuwih resep
> nongton batan maca. tinggaluangna wae, kumaha
> ngamangpaatkeun media-media anu disebut di luhur.
>
> baktos,
>
> mrachmatrawyani
>
> -
>

Kirim email ke