heuheuheuehue wa kepoh pisan euyyy.... sono ka dongeng wa kepoh.... saha nu
gaduh kaset atawa CD na...... pang burning keun atuh!!!!!!
=======================================
Just because we are smart, don't think other people are stupid
Watashi wa Isuramu kyou desu
=======================================
----- Original Message -----
From: Dulhalim
To: [email protected]
Sent: Thursday, September 27, 2007 1:29 PM
Subject: RE: [Urang Sunda] Dongeng Pasosore
Barang si Kulup ngareret ka asla eta sora, ari pucunghul teh aya maung sagede
munding kaluar tina tukangeun tangkal...
Gebeg..si kulup ngagebeg bakat teuing ku reuwas..
"Beu cilaka yeuh, papanggih jeung maung nu sakitu gedena. Kudu lumpat ari
kayaan siga kieu mah" hate si kulup cumarita
Sakadang maung leumpang ngadeukeutan si kulup bari matana terus mencrong siga
nu rek ngerewek.
"Emh Bapa, Ema tulungan kuring.." si kulup sasambat
Ret kakenca, ret kakatuhu anu katempo ngan tatangkalan wungkul euweuh jalan
jang pilumpateun.
Teu lila, gaur atuh maung teh ngagaur. Sorana mani tarik jeung agem.
Dina jarak 3 meter sakadang maung ngarandeg bari matana mah terus mencrong ka
si kulup.
Gajleng sakandang maung teh ngagajleng rek ngerewek si kulup. Si kulup
ngadegdeg teu bisa kukumaha.
Barang sakadang maung rek ngerewek si kulup...
Euuuuuuuuhhhhhhhhhhhhhhhhhh waktosna pamiarsa tos teu nyekapan.
Mangga urang tendeun di handeuleum sieum lalakon si kulup anu rek dikrewek ku
maung.
Urang teraskeun deui enjing. Hatur nuhun ka sadayana.
Permiossssssssssssss