sigana mah ti alamat IP salira kantos dianggo milampah vandal, sahingga dipeungpeuk samodel kitu. Solusina mah gampil, mangga lebet log, supados sagala editan salira ti eta alamat henteu pacorok jeung nu sanes.
Nuhun. pamugi henteu kapok... On 10/2/07, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kahatur para wargi, hususna kang Kumincir, > > Dua dinten kamari pribados maca sajarah Jakarta dina wikipedia versi > bahasa Indonesia. Eusina ngaco, jigana anu ngadamel eta situs seler sanes > anu henteu ngagunakeun referensi sajarah sacara leres. Ku pribados teras > dilereskeun dumasar kana referensi sajarah kalebet cutatan urang Portugis. > > Kamari pribados maca sajarah Banten, oge di wikipedia versi bahasa > Indonesia, sami ku pribados oge dilereskeun dumasar kana referensi sajarah. > > Dinten ieu marios situs wikipedia ngeunaan Banten dina basa Inggris. > Eusina sami ngacona; diserat: "In the following years the region was > conquered by the Kingdom of > Majapahit<http://en.wikipedia.org/wiki/Kingdom_of_Majapahit>. > ...". Mung waktos bade diedit ku pribados, aya warning henteu kenging diedit > sapertos kieu: > -- sikandar

