Sumuhun kang,
Tadi tos korespondensi sareng caniago wirehna anjeunna miwarang nyerat
rujukan. Samentawis eusi situsna dirobih deui ku anjeunna kalebet munculkeun
etnis anyar, bantenese, cenah mah ngarujuk ka website pemda banten sareng
prosentase etnis ngarujuk ka Indonesia's Population: Ethnicity and Religion in
a Changing Political Landscape. Institute of Southeast Asian Studies, taun
2003. Janten panasaran naha leres Institute of South Asian Studies ngadamel
etnis anyar sateuacan provinsi banten ngadeg. Jigana rujukan anu dianggo ku
anjeunna oge henteu valid.
Keun urang cobian disebat rujukan sajarah Sunda.
Salam,
Asep
kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Saleresna mah aya cara nu leuwih gaya, nyaeta make rujukan ka
pedaran2 ilmiah anu tos dipublikasi (buku2 sajarah Sunda). Mangga geura, Kang.
Mun dibere rujukan mah moal manggapulia geura...
On 10/3/07, Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kumaha pami Kang Asep ngadamel versi nyalira, tong ngutak-ngutik nu anjeuna,
judulan kieu weh : Sejarah Jakarta dan Banten yang Sebenarnya, sebatkeun yen
Akang asli putra daerah sanes imigran "gelap" ti Padang... heheh. Cing batur
nu maosna percanten keneh kanu mana?
--
sikandar
kumincir.blogspot.com
Asep
---------------------------------
Fussy? Opinionated? Impossible to please? Perfect. Join Yahoo!'s user panel
and lay it on us.