Kang Asep,
   
  Aya hiji deui buku ngeunaan Jakarta judulna Jakarta-Batavia, karangan urang 
walanda, mangrupikeun kumpulan seratan ti langkung 20 jalmi nu nalungtik 
Jakarta, rupina buku enggal (?) aya di Gramedia pangaosna Rp. 69.000.Salah 
sawios nu nalungtikna Dr. Yasmin....ti UI, medar ngeunaan Bangsawan 
Betawi......nu huluwotanna ka Pangeran Jayakarta, Rd. Ahmad Jayadikarta kitu 
(di jl Pangeran Jayakarta aya mesjid Ateng Jayadikarta?). Sanaos mung ngabahas 
ti Batavia dugi ka Jakarta, tapi buku ieu kalintang mundelna ceuk pamendak 
sikuring.  
   
   
  Aya oge buku ngeunaan sejarah banten kenging urang Francis judulna 
"Bantenese", kapungkur mendak ti Palasari. Tapi memang nu lengkep mah kagungan 
Dr Edi nu bersumber ka Naskah Pangeran Wangsakerta. 
   
  Upami Akang peryogi, utamina kanggo ngalengkepan atanapi nguatan pamadegan 
...dina seratan di mana bae...ku kuring tiasa dikintun ka akang. 
  Japri wae. Nuhun.
   
  baktos,
   
  siporenges
   
   
   
  Sumuhun kang,
   
  Tadi tos korespondensi sareng caniago wirehna anjeunna miwarang nyerat 
rujukan. Samentawis eusi situsna dirobih deui ku anjeunna kalebet munculkeun 
etnis anyar, bantenese, cenah mah ngarujuk ka website pemda banten sareng 
prosentase etnis ngarujuk ka Indonesia's Population: Ethnicity and Religion in 
a Changing Political Landscape. Institute of Southeast Asian Studies, taun 
2003. Janten panasaran naha leres Institute of South Asian Studies ngadamel 
etnis anyar sateuacan provinsi banten ngadeg. Jigana rujukan anu dianggo ku 
anjeunna oge henteu valid.
   
  Keun urang cobian disebat rujukan sajarah Sunda.
   
  Salam,
  Asep



       
---------------------------------
Fussy? Opinionated? Impossible to please? Perfect.  Join Yahoo!'s user panel 
and lay it on us.

Kirim email ke