salam,
  kulantaran sok panasaran hayang pada panggih jeung baraya anu sarua ti sunda, 
simkuring sok rada panasaran lamun kabeneran keur ulin di hiji tempat, sok 
ngahajakeun neangan urang sunda.
   
  tah harita di bali. orang sumedang anu katelah ku tahu sumedang, aya oge. 
tahuna persis pisan. rasana kitu deui, sumawona. Tah ari urang garut mah, anu 
kabeneran panggih di bali lumpatna teh kana gorengan. aya oge ketang ti 
rancaekek.
   
  di jogja mah lain deui. mayoritas datangna ti kuningan, katelahna saudagar 
intel alias indomie telor. aya kana puluhna warung indomie nyebar di kota 
jogja. lamun seug ditanya timana pasti moal jauh ti kuningan. lamun lain urang 
kuningan, sok ditapelan alamat model kieu :Kang Asep  Putra Cimindi.
   
  Tukang gorengan oge rereana ti sunda. lamun teu kuningan nya tatangga 
sabeulahna, majalengka. urang garut mah can kungsi nimu.
   
  tah aya deui klan/kafilah ciamis, kawali jsb (dulur mang jamal meureun nya). 
ari urang priangan timur mah resepna teh kana kerajinan beusi: nyieun pager, 
ngelas, tralis, beusi tempa jrrd. lamun ngahaja nanya ka bengkel beusi tempa. 
moal pati salah lamun nebak asalna ti ciamis.
   
  lamun di lembur simkuring mah, di bandung, aya grup panjalu anu karesepna teh 
nawar barang-barang kiloan. malah mah aya humorna. lamun aya mobil asup jurang, 
nu mimiti nawar bangke mobil teh ceunah orang panjalu. ari kitu tea meureun 
tukang dagang beusi kiloan. nya babaturan pisan anu ancrub kana bisnis ieu teh. 
   
  urang garut mah rada motekar. di bandung sababaraha distro pakean jegerna teh 
urang garut. 
   
  tuluy... ceuk saha urang tasik ngan ukur kana kiridit? di kediri tiheula 
ngobrol anteng jeung tukang kurupuk. singhoreng urang tasik. ulah hilap urang 
tasik teh juragan transportasi saindonesia. mangga disebatan hiji-hiji: 
Primajasa, mayasari bhakti, budiman, doa ibu, tipayun mah beus Suka duka ayeuna 
mah aya keneh kitu?
   
  tah ari baraya sunda di milis kusnet ti marana wae?
   
  salman,
  urang bandung anu ngadekul kana buku
   

 __________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke