upami di Batam / Bintan mah anu sering pendak teh,
Urang Majalengka kana kuli gali ( kabel, saluran cai pokona per galian lah )
urang palabuhan ratu jualan roti / donat.
urang Garut tukang sol patu.

meun anu ngumpul timana mendi sakuliah jawa barat mah anu jadi pagawe pabrik
ka asup sim kuring

heuheuheuheu....


On 10/24/07, salman faridi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>    salam,
> kulantaran sok panasaran hayang pada panggih jeung baraya anu sarua ti
> sunda, simkuring sok rada panasaran lamun kabeneran keur ulin di hiji
> tempat, sok ngahajakeun neangan urang sunda.
>
> tah harita di bali. orang sumedang anu katelah ku tahu sumedang, aya oge.
> tahuna persis pisan. rasana kitu deui, sumawona. Tah ari urang garut mah,
> anu kabeneran panggih di bali lumpatna teh kana gorengan. aya oge ketang ti
> rancaekek.
>
> di jogja mah lain deui. mayoritas datangna ti kuningan, katelahna saudagar
> intel alias indomie telor. aya kana puluhna warung indomie nyebar di kota
> jogja. lamun seug ditanya timana pasti moal jauh ti kuningan. lamun lain
> urang kuningan, sok ditapelan alamat model kieu :Kang Asep  Putra Cimindi.
>
> Tukang gorengan oge rereana ti sunda. lamun teu kuningan nya tatangga
> sabeulahna, majalengka. urang garut mah can kungsi nimu.
>
> tah aya deui klan/kafilah ciamis, kawali jsb (dulur mang jamal meureun
> nya). ari urang priangan timur mah resepna teh kana kerajinan beusi: nyieun
> pager, ngelas, tralis, beusi tempa jrrd. lamun ngahaja nanya ka bengkel
> beusi tempa. moal pati salah lamun nebak asalna ti ciamis.
>
> lamun di lembur simkuring mah, di bandung, aya grup panjalu anu karesepna
> teh nawar barang-barang kiloan. malah mah aya humorna. lamun aya mobil asup
> jurang, nu mimiti nawar bangke mobil teh ceunah orang panjalu. ari kitu tea
> meureun tukang dagang beusi kiloan. nya babaturan pisan anu ancrub kana
> bisnis ieu teh.
>
> urang garut mah rada motekar. di bandung sababaraha distro pakean jegerna
> teh urang garut.
>
> tuluy... ceuk saha urang tasik ngan ukur kana kiridit? di kediri tiheula
> ngobrol anteng jeung tukang kurupuk. singhoreng urang tasik. ulah hilap
> urang tasik teh juragan transportasi saindonesia. mangga disebatan
> hiji-hiji: Primajasa, mayasari bhakti, budiman, doa ibu, tipayun mah beus
> Suka duka ayeuna mah aya keneh kitu?
>
> tah ari baraya sunda di milis kusnet ti marana wae?
>
> salman,
> urang bandung anu ngadekul kana buku
>
> .
>
> 
>

Kirim email ke