Abdi asal Cisaga-Ciamis ayeuna nuju bubuara di Kota "Kuda" Kuningan.
Waktos boboran simkuring song ngahaja ngawangkong sareng urang Kuningan anu
bubuara di Batawi.
"Tong (mun di ciamis mah Ujang/jang) uingmah di batawi jadi direktur BRI
(bubur kacang/ayam rebus indome), tuh si itu mah jadi direktur bukopin (bubur
kacang, kopi, rebus indomi"
Eta mani hebat istilah teh, da memang ktu ayana kusabab "direktur" bri, bukopin
enya we... imahna teh gedong sigrong, kandaraanana weuteuh....
Kang Ule <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
upami di Batam / Bintan mah anu sering pendak teh,
Urang Majalengka kana kuli gali ( kabel, saluran cai pokona per galian lah )
urang palabuhan ratu jualan roti / donat.
urang Garut tukang sol patu.
meun anu ngumpul timana mendi sakuliah jawa barat mah anu jadi pagawe pabrik
ka asup sim kuring
heuheuheuheu....
On 10/24/07, salman faridi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
salam,
kulantaran sok panasaran hayang pada panggih jeung baraya anu sarua ti sunda,
simkuring sok rada panasaran lamun kabeneran keur ulin di hiji tempat, sok
ngahajakeun neangan urang sunda.
tah harita di bali. orang sumedang anu katelah ku tahu sumedang, aya oge.
tahuna persis pisan. rasana kitu deui, sumawona. Tah ari urang garut mah, anu
kabeneran panggih di bali lumpatna teh kana gorengan. aya oge ketang ti
rancaekek.
di jogja mah lain deui. mayoritas datangna ti kuningan, katelahna saudagar
intel alias indomie telor. aya kana puluhna warung indomie nyebar di kota
jogja. lamun seug ditanya timana pasti moal jauh ti kuningan. lamun lain urang
kuningan, sok ditapelan alamat model kieu :Kang Asep Putra Cimindi.
Tukang gorengan oge rereana ti sunda. lamun teu kuningan nya tatangga
sabeulahna, majalengka. urang garut mah can kungsi nimu.
tah aya deui klan/kafilah ciamis, kawali jsb (dulur mang jamal meureun nya).
ari urang priangan timur mah resepna teh kana kerajinan beusi: nyieun pager,
ngelas, tralis, beusi tempa jrrd. lamun ngahaja nanya ka bengkel beusi tempa.
moal pati salah lamun nebak asalna ti ciamis.
lamun di lembur simkuring mah, di bandung, aya grup panjalu anu karesepna teh
nawar barang-barang kiloan. malah mah aya humorna. lamun aya mobil asup jurang,
nu mimiti nawar bangke mobil teh ceunah orang panjalu. ari kitu tea meureun
tukang dagang beusi kiloan. nya babaturan pisan anu ancrub kana bisnis ieu teh.
urang garut mah rada motekar. di bandung sababaraha distro pakean jegerna teh
urang garut.
tuluy... ceuk saha urang tasik ngan ukur kana kiridit? di kediri tiheula
ngobrol anteng jeung tukang kurupuk. singhoreng urang tasik. ulah hilap urang
tasik teh juragan transportasi saindonesia. mangga disebatan hiji-hiji:
Primajasa, mayasari bhakti, budiman, doa ibu, tipayun mah beus Suka duka ayeuna
mah aya keneh kitu?
tah ari baraya sunda di milis kusnet ti marana wae?
salman,
urang bandung anu ngadekul kana buku
.
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com