Baraya urang sunda di Bakus ieu tebakan aki tams mah hampir sadayana
Profesional, margi papada resep ngulayab di dunia maya; sok sanaos aya oge anu
nuding cenah anu postingan di Bakus teh: pangangguran, pangsiunan, sareng mhs
abadi. Naha disangki profesional, margi dibade-bade wae, sigahna di masing2
kantor padamelanana pasti aya PC di mejana, atuh di apartemen atanapi bumina
masing2 oge aya anu ngamangpaatkeun pasilitas internet bebas atanapi langganan.
Puguh deui ari anu karagungan laptop sareng HP canggih mah asal ka tempat2
anu aya internet bebas, sapertos mall, bandara, cafe, iraha wae tiasa ngenet.
Utamina baraya anu kasebat migran sok "rindu" ka anu dikantun, sobatna teh
kiwari mah 3G atanapi ngemail, kitu sigahna.
Anu ngamangpaatkeun pasilitas kantor sigahna langkung seueur, katawisna upami
dinten minggu/libur Bakus sok sepi. Anu sok satia teh sigahna profesional anu
karagungan laptop sareng HP canggih nyalira, mampu sakadar ngopi di cafe,
padahal niat utamina paralay chating garatis ku HP atanapi YM-an. Tiasa oge anu
bakating peryogi, saha wae tiasa ngahaja sarumping ka warnet, tangtos pesakna
karandel, salah sawios cirina jalmi profesional.
Anu kalebet sanes profesional tapi aya di ieu Bakus, sigahna tiasa janten anu
kalebet "jegud", sapertos barudak jalmi jegud, "panganguran pilihan" nya jalmi
jegud oge, mhs tiasa oge anu ngamangpaatkeun internet garatis di perpustakaan.
Ieu mah babadean aki tams.
salman faridi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
salam,
kulantaran sok panasaran hayang pada panggih jeung baraya anu sarua ti sunda,
simkuring sok rada panasaran lamun kabeneran keur ulin di hiji tempat, sok
ngahajakeun neangan urang sunda.
tah harita di bali. orang sumedang anu katelah ku tahu sumedang, aya oge.
tahuna persis pisan. rasana kitu deui, sumawona. Tah ari urang garut mah, anu
kabeneran panggih di bali lumpatna teh kana gorengan. aya oge ketang ti
rancaekek.
di jogja mah lain deui. mayoritas datangna ti kuningan, katelahna saudagar
intel alias indomie telor. aya kana puluhna warung indomie nyebar di kota
jogja. lamun seug ditanya timana pasti moal jauh ti kuningan. lamun lain urang
kuningan, sok ditapelan alamat model kieu :Kang Asep Putra Cimindi.
Tukang gorengan oge rereana ti sunda. lamun teu kuningan nya tatangga
sabeulahna, majalengka. urang garut mah can kungsi nimu.
tah aya deui klan/kafilah ciamis, kawali jsb (dulur mang jamal meureun nya).
ari urang priangan timur mah resepna teh kana kerajinan beusi: nyieun pager,
ngelas, tralis, beusi tempa jrrd. lamun ngahaja nanya ka bengkel beusi tempa.
moal pati salah lamun nebak asalna ti ciamis.
lamun di lembur simkuring mah, di bandung, aya grup panjalu anu karesepna teh
nawar barang-barang kiloan. malah mah aya humorna. lamun aya mobil asup jurang,
nu mimiti nawar bangke mobil teh ceunah orang panjalu. ari kitu tea meureun
tukang dagang beusi kiloan. nya babaturan pisan anu ancrub kana bisnis ieu teh.
urang garut mah rada motekar. di bandung sababaraha distro pakean jegerna teh
urang garut.
tuluy... ceuk saha urang tasik ngan ukur kana kiridit? di kediri tiheula
ngobrol anteng jeung tukang kurupuk. singhoreng urang tasik. ulah hilap urang
tasik teh juragan transportasi saindonesia. mangga disebatan hiji-hiji:
Primajasa, mayasari bhakti, budiman, doa ibu, tipayun mah beus Suka duka ayeuna
mah aya keneh kitu?
tah ari baraya sunda di milis kusnet ti marana wae?
salman,
urang bandung anu ngadekul kana buku
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com