Mun hayang langsung praktek nya kudu di Lab Komputer. nginjeum tempat di UI we atuh..
Tapi mun rek seminar boh duaminar, nya geus we cukup keur demo. didukung lah Mang ! -dul- --- In [email protected], AmanK Maya Suara <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Mangga, kamari simkuring tos kontak sareng kang Ahmad anu di Telkomsel... > Perkawis kanggo akses internet sareng komputer hiji kanggo demo mah tiasa... > Mung upami palay sapertos workshop... di lab komputer..... dimana sadaya pamilon tiasa langsung praktek.... eta mah...nya mangga nyanggakeun.... > > kedah kanu gaduh fasilitas kitu narosna.... > > Eta kang Kumi kumaha ???.... > > Upami saukur kanggo demo pembicara... akses internet sareng komputer laptop insyaalloh sayogi...... > > mangga atuh anu sanes kumaha atuh ????... anu bade ngiring na mana ieu teh ??? seueur kitu ???... hehehe....dinatos yeuh "apresiasina".... > > hatur nuhun... > Mang Maya > > > Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kahatur baraya sadaya, > > Perkawis tempat, pribados sapagodos sareng kang Oman, saena di Unpad. Numutkeun sim kuring, upami tempatna di UNPAD, sajabi para peminat ti Kusnet, tiasa oge diondang mahasiswa, generasi muda anu potensi kanggo ngeuyeubkeun wikipedia Sunda. Sajabi ti eta, upami formatna langkung ngaharib kana workshop, dimana pamilon peryogi komputer kanggo praktek, panginten di Unpad tos sayagi lab komputer (langkung sae upami tos aya akses internet). > > Tapi upami teu aya komputer sareng akses Internet, usulan kang amank Maya tiasa janten alternatif. Kumaha tah saterasna kang Maya? > > Punten, email ieu ditembuskeun ka teh Sofi Suriaatmaja, anggota pasif milis us, lulusan UNPAD (saurna mah tilas best-friend-na kang Maman Gantra), kumargi teh Sofi gaduh koneksi caket sareng urang Sunda di Telkom (kang Herdi) oge di Telkomsel. Ditembuskeun ka teh Sofi teh bilih wae di Unpad teu aya koneksi ka Internet, teras bilih teh Sofi bade ngaupayakeun akses internet ngalangkungan misi sosial operator telekomunikasi kanggo ngamajengkeun internet di Indonesia. > > Punten dipayunan, kanggo sakedik ngabantos transport kang Kumi ka tempat seminar ngawiki, parantos ditransfer Rp. 500.003 ti ATM Bank Bandiri JKS ML Plaza Cibubur, ping 2 Desember 2007, tabuh 12:28 ka rekening Nomer 122-00-0449302- 2 a.n. Iskandar Alisyahbana Adnan (kang Kumi). > > Salam, > Aschev Schuraschev > > NB: > Di luar perkawis wikipedia, teh Sofi gaduh udagan kanggo niron kagiatan Pemkot Malang dina ngemekarkeun internet dimana Pemkot Malang dibantos ku pamarentah pusat ngamanfaatkeun bantuan (hibah) Asia Pacific Telecommunity (APT). Kiwari bantosan kasebat tos ngahubungkeun universitas, sababaraha SMU, SMP sareng koperasi pakuwonjati. Saurna upami di provinsi Jabar oge aya kagiatan sapertos kitu, kacida saena. Duka tah kumaha kedah mitembeyannana. (sakaterang sim kuring biasana kedah aya proposal; tiasa ditiron proposal pamarentah waktos ngusulkeun kota malang kanggo nampi eta bantosan. Salajengna teh Sofi anu kedah bajoang di eta forum supados proposalna tiasa disatujuan). Panginten anu janten masalah teh, kota / kabupaten naon anu kedah dipilih. > > > > > > ----- Original Message ---- > From: Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> > To: [email protected] > Sent: Saturday, December 1, 2007 1:43:48 PM > Subject: Re: [Urang Sunda] Re : Fwd: ngawiki & ngablog > > Asa nyambung. Puguh si kuring oge keur madungdengkeun rencana > ngayakeun seminar pikeun ngeusian Wiki atawa ngeblog, minangka > lajuninglaku tina acara nanggap kang Dian. Itung-itung maneuhkeun > acara sawanda, sugan wae hasilna leuwih lega ngambah kaditu kadieu. > > Harita ngobrol teh jeung kang Kumi. Aya pipikiran rek makumaha deui > ka kang Ganjar. Minimal atuh tempat-tempat wae mah bisa ditalangan > ku kang Ganjar. Ari di patempatan kuring, audiotorium geologi, masih > kudu mayar eung sanajan bisa meunang potongan :) > > Ayab anu haat neruskeun ieu lalakon ku cara ngajapri kang Ganjar? > rumasa si kuring can kaburu, kasiwer ku hanca garapan jeung tugas > anu wuwuh ngagulidag siga caah patali jeung akhir taun. Atawa....ti > Kusnet bade neruskeun ieu garapan? sae pisan, mangga diantos. > > baktosna, > manAR > > --- In [EMAIL PROTECTED] ups.com, Aschev Schuraschev > <aschevetea@ ...> wrote: > > > > Kang Kumi, > > > > Aya info ti mang Maya (kang Maya) sapertos kieu: > > > > Nembe abdi kontak sareng saderek anu di telkomsel... . akses > internet mah siap...... abdi laptop siap...mangga bade ditambut mah > (asal ulah dipiboga) hehehe... > > kantun tempat.... sareng pembicara... .... hayu der ah... urang > ayakeun acara seminar ngawiki...ngeblog. ...heheheh. ..... urang > babetkeun deui weh kanu milist..... > > > > Mangga kang Maya lajengkeun. Jigana kang Kumi sayogi waktos sareng > tanagi kanggo janten isntrukturna. > > > > Salam, > > Aschev > > > > > > > > > > ----- Original Message ---- > > From: kumincir <kumincir@ .> > > To: [EMAIL PROTECTED] ups.com > > Sent: Wednesday, November 21, 2007 8:02:44 PM > > Subject: Re: [Urang Sunda] Re : Fwd: ngawiki & ngablog > > > > Anu jadi pikiraneun Depkominfo teh, lian ti masalah per-unjal- an, > oge masalah traffic, bandwidth, atawa naon nya istilahna teh, poho > deui. Pokona mah ngeunaan akses internet ti indonesia. nepi ka > ayeuna memang kudu diaku, yen ramatloka teh lolobana nyayang di > luar. Mun urang muka eta loka, aya ongkos nu kudu di bayar ka nagara > tempat nyayangna eta loka (BMS). > > > > Kahayangna, cik atuh loka2 teh nyarayangna di Indonesia, di jero > nagara, jadi duitna teu ngencar ka luar. Pikeun narekahan hal eta, > di antarana, cenah Depkominfo (atawa saha lah baladna) keur > ngadatangkeun sababaraha server, ngarah loka2 teh bisa nyarayang di > indonesia. Lian ti eta, kalawan dikokolakeun ku Panji ( > www.panji.or. id), eta departemen oge teu weleh ngampanyeukeun > dipakena domain .id (co.id, go.id, or.id). > > > > Perkawis keurseus, hususon ngeunaan wiki ieu mah, upami nu di > Bandung memang marinat, tiasa wae urang ngayakeun sarupaning > keurseus kilat, demo bari prak langsung diajar kumaha prakprakanana > ngawiki. Saratna mah hiji bae, tempatna kedah di rohangan full > computer (wios teu full AC ge) anu sadayana nyambung ka internet, > kawas riungan Simpay di Lab. Komputer UI ampir dua taun ka pengker. > Tanagana mah sugan pareng tiasa ngajak para kontributor Wikipedia > Sunda (lolobana mah alabur-aburan nedunan pancen dunungan). > > > > > > On 11/16/07, Roro Rohmah <Roro.Rohmah@ sidola.com> wrote: > > Duhâ¦hanjakal teuing nya?... da, kumaha atuh hoyongnamah hoyong > ngalap elmu teh, mangkaningan haratis deuih⦠mung nyaeta ku tebihna, > sareng acara teh dintennan damel pan?⦠namina ge kuli, hese ngejatna. > > Sae tah ajakan Bapa Dirjen tehâ¦leres atuh da, pangraos- > raosna "ngunjal/ngadownloa d" mah, teu hese cape mikir heheh⦠> > > > > > > > > > > > > ____________ _________ _________ _________ _________ _________ _ > ____________ ___ > > Be a better sports nut! Let your teams follow you > > with Yahoo Mobile. Try it now. > http://mobile. yahoo.com/ sports;_ylt= At9_qDKvtAbMuh1G 1SQtBI7ntAcJ > > > > > > > > > > > > --------------------------------- > Be a better sports nut! Let your teams follow you with Yahoo Mobile. Try it now. > > > --------------------------------- > Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! Answers >

