Asa nyambung jeung pipikiran kuring sababarha taun
katukang, oge ideuna kang Maman Gantra anu baheula rek
ngayakeun kagiatan pelatihan pikeun masyarakat, supaya
"melek" internet.

Waktu kuring nampa informasi ti Teh Ika, yen Bappeda
Jawa Barat nyadiakeun dana puluhan milyar rupiah keur
Kabupaten di Jawa Barat, anu boga hiji kagiatan pikeun
migeuykeun (=memberdayakan) masyarakat.(Teh Ika,
ayeuna masih aya keneh heunteu program siga kitu?)
Anu kaimpleng ku kuring, kumaha upama eta dana teh,
dipake pikeun nyieun hiji laboratorium Komputer di
ibukota kabupaten, anu nyambung ka internet. Eta lab
teh pikeun ngalatih keur sakumna masyarakat (Pelajar,
Pagawe Pemda, pamuda karang taruna, LSM, jrrd). Eta
lab. teh dikokolakeun ku hiji institusi dimana didinya
aya wakil ti Pemda, Masyarakat umum, kelompok
profesional. Lamun perlu, aya konsultan anu ahli dina
widang IT, ti salah sahiji paguron luhur, supaya aya
Transfer of Knowledge anu terarah jeung resmi. Atuh
dina urusan akses ka internet, hubunganana ka telkom.
Tadina mah ideu siga kieu teh rek diajukeun ka Bupati
Majalengka(kampung kuring) . Tapi  pipikiran siga kieu
moal ditarima, sabab sacara finansial, heunteu
ngungtungkeun pikeun pribadi bupati.

sigana, kang Maman Gantra, tos ngalaksanakeun program
ieu.Sok lah dongengkeun di dieu.

Aya beja anyar perkara akses ka internet. kamari batur
kuring nawaran hiji buku hargana 100 rebu, anu eusina
medarkeun cara nyambung ka internet, make hp, kalayan
heunteu "ngorowotan" pulsa hp. Aya sababaraha urang
anu tos ngabuktikeun cara ieu. Kahareup sigana usaha
akses ka internet moal pati rame.


baktos,

mrachmatrawyani
anu sok iinternetanana di kantor.


--- AmanK Maya Suara <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:

> Mangga, kamari simkuring tos kontak sareng kang
> Ahmad anu di Telkomsel...
> Perkawis kanggo akses internet sareng komputer hiji
> kanggo demo mah tiasa...
> Mung upami palay sapertos workshop... di lab
> komputer..... dimana sadaya pamilon tiasa langsung
> praktek.... eta mah...nya mangga nyanggakeun....
> 
> kedah kanu gaduh fasilitas kitu narosna.... 
> 
> Eta kang Kumi kumaha ???.... 
> 
> Upami saukur kanggo demo pembicara... akses internet
> sareng komputer laptop insyaalloh sayogi......
> 
> mangga atuh anu sanes kumaha atuh ????... anu bade
> ngiring na mana ieu teh ??? seueur kitu ???...
> hehehe....dinatos yeuh "apresiasina"....
> 
> hatur nuhun...
> Mang  Maya
>


      
____________________________________________________________________________________
Be a better pen pal. 
Text or chat with friends inside Yahoo! Mail. See how.  
http://overview.mail.yahoo.com/

Kirim email ke