Sawangan atawa nu kaerong ku uing mah di wewengkon Bandung atawa Priangan
Wetan, da di Jakarta mah harita di UI ge asana tos cekap berekah, teu
nyanggut... Heuheu...

Ti pribadi kuring mah basajan bae, teu kudu acara kumaha2... Pangna ngudag
di Bandung, nya pedah bae, misalna, aya pamundut ti Teh Roro. Oge,
samemehna, duka banyol duka heureuy, Adit ti UPI (kungsi getol ngeusian
unak-anik Sunda) kungsi naroskeun ngeunaan hal ieu. Kantun atur bae dina
masalah fasilitasna (lab. komputer tea--tangtosna kedah nyambung ka lembaga2
atikan anu boga kalengkepan kitu, misalna bae Unpad? UPI? UIN SGDj?), ke
kuring spk. (duka saha wae yeuh 'spk.'-na) nyiapkeun bahanna. Lamun bisa
katoong pipamiloneunana, sugan bisa oge rada diarahkeun di mana kira2 eta
para calon kontributor diperenahkeunana, najan tangtos kamungkinan ancrub
dina widang sejen tetep salawasna nembrak ngagemblang. Lamun tos dicobian
ditarekahan, tapi di lembaga2 atikan anu boga fasilitas eta tetep teu bisa
gratis, nya dana ti Kang Asep (nuhun pisan, Kang... isin pisan abdi mah
nampina oge) anu tos kadung dikintun tiasa dianggo. Mun ukur kuring anu
ngawawaw di hareup bari pamilon ukur olohok mah, punten, teu sangem, soalna
bakal kapopohokeun. Mending nyieun & ngabagikeun modul/hand out-na wungkul
we daripada kitu mah...

Kitu manawi...

On 12/4/07, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Mun hayang langsung praktek nya kudu di Lab Komputer.
> nginjeum tempat di UI we atuh..
>
> Tapi mun rek seminar boh duaminar, nya geus we cukup
> keur demo.
>

-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com

Kirim email ke