--- Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Maling Masigit (sambungan)
>      Keur kuring, perkara “maling masigit” ieu
> nembongkeun fenomena lian atawa – legegna – pasoalan
> nu leuwih kompleks: Dina konteks urang Sunda atawa
> urang Batawi, hal ieu ngan nandeskeun keokna urang
> Batawi atawa urang Sunda. Sacara ekonomi, budaya,
> jeung sosial (kaasup politik pisan, meureun) geus
> kadeseh; pon kitu deui dina perkara kahirupan
> organisasi atawa prak-prakan kaagamaan. Nepi ka Pa
> Ajip (Rosidi) sakali mangsa kungsi nyaur: “Teu bener
> mun urang Sunda (disebut) rasialis. Buktina, Ketua
> MUI Jabar lain urang Sunda”. Ceuk kuring dina hate,
> lain perkara teu rasialis atawa rasialis. Tapi, nya
> keok bae. Kasauran eta sepuh nu remen gagah teh,
> keur kuring, ukur ngupahan maneh. 
>   Enya. Sabab, siga halna dina perkara lian, masalah
> satemenna lain perkara rasialis atawa teu rasialis,
> tapi leuwih kana kaweruh, leadership, wiwaha,
> kateuneung, militansi, kapercekaan, jeung sajabaning
> ti eta nu nyoko kana kasadaran, kabanggaan, atawa
> eksistensi salaku manusa Sunda hususna, muslim
> umumna. Pan, idealna: Urang Sunda kudu “tanjeur na
> juritan”, makalangan dina sagala aspek kahirupan –
> nu hade, da dina perkara korupsi atawa kabelegugan
> mah urang geus lumayan eksis. 
>   Tangtu dina hal ieu -- oge dina hal lian -- lain
> ukur pedah Sunda atawa lain Sunda-na. Da, katakwaan
> atawa kaweruh ngeunaan agama mah, pan, ceuk agama
> ge, teu ditangtukeun ku Sunda atawa lain Sundana?
> (Sakumaha kapercekaan dina hal lian teu ditangtukeun
> ku Sunda atawa lain Sunda). Tapi, naha kaweruh urang
> Sunda dina bag-bagan Islam – naon bae aliran atawa
> mazhabna – ngan samenel? Nepi, ka MUI, atawa
> sakola-sakola Islam nu alus, kaasup baitul mal-na,
> kudu diluluguan ku batur? Nepi ka dina perkara
> masigit, atawa pasantren, kaasup pasantren pertanian
> Darul Falah di Bogor, nu diadegkeun ku ramana Taufiq
> Ismail; urang Sunda ukur jadi nu mere wakafna.
> (Kalan-kalan, ukur jadi “urut nu boga” tanahna –
> dijual ka nu engke ngawakapkeun eta tanah). Lain
> jadi kiai atawa pangurusna? Di mana aya kiai nu
> dianggap “jenius” atawa nyongcolang, ukur Aa Gym
> jeung Zainudin MZ?
>   Hartina, balik deui kana kasauran Kiai Hasyim,
> bari dimodifikasi jadi Sunda jeung lain Sunda: Mun
> urang teu panuju diimaman ku batur, nya buktikeun
> yen urang pantes jadi imam. Mun masigit urang embung
> diurus ku batur, nya tingkatkeun kualitas jeung
> kapercekaan kapangurusan urang. Tempat abdas jeung
> WC-na nu beresih, nu berseka, luyu jeung parentah
> agama -- oge jeung klaim “Sunda nu endah”. 
>   Speakerna tong padu tarik, ngagorowok -- nepi ka
> matak sawan orok nu keur hees. Ngokolakeun duitna nu
> transparan jeung profesional. Pangajiannana tong
> malulu ngeunaan prak-prakan sholat atawa halal jeung
> haram, bid’ah jeung Sunnah, atawa nyarekan jalma
> kapir. Tapi, euyeuban, malah di mana perlu lobakeun,
> oge ku hal-hal lianna nu leuwih nerap jeung
> kahirupan di dunya kiwari: Kumaha carana lembur
> urang hejo ngemploh, ambeh urang teu hambur listrik
> alatan ka hees-hees kudu make AC; kumaha sangkan
> rumaja sabudeureun masigit baroga kasab, sangkan teu
> hayoh hihitaran (bari nyarakuan botol AO) mangsa
> kolot-kolotna marenekung di masigit; naon pakaitna
> Al Ghazali jeung Psikoanalisa, kumaha carana sangkan
> nahwu leuwih gampang diajarkeun ka barudak (oge keur
> jalma belet siga kuring), naon bedana arsitektur
> Masigit Sulaiman jeung Masigit Manonjaya, atawa
> jeung arsitektur masigit Jawa pisan, ulama mana bae
> nu nulis shalawat, manaqib, atawa syiroh,  kumaha
> satemenna nash-nash Qur’an
>  jeung hadits, oge ijma para ulama, pakait jeung
> kabudayaan umumna, kabudayaan lokal hususna, naon
> ari JIL, TUK, Arqam, shimpoa, olimpiade fisika,
> Syiah, Jalaludin Rakhmat, runtah, banjir, macet,
> jste-jste. 
>   Tapi, kitu ge wallohu alam -- ketang. Duka teuing
> bener heunteuna. Pan, kuring mah boro-boro nyaho
> bag-bagan agama. Jajauheun tina ulama, tina kiai.
> Santri ge lain santri kalong santri kalong acan.
> Sakalina solat ukur ungked-ungkedan – jajauheun tina
> khusyu, ukur ngingkahan disebut jalma kapir wungkul.
> Kuring mah ukur jalma nu pengkuh dina hiji perkara:
> Ngacapruk!  
>    
>   Gang Tengah, 15 November 2007
> 
> 
> 
> Maman Gantra
> Jalan Salemba Tengah 51,
> Jakarta 10440.
> 0812-940-5441
>        
> ---------------------------------
> Looking for last minute shopping deals?  Find them
> fast with Yahoo! Search.



      
____________________________________________________________________________________
Looking for last minute shopping deals?  
Find them fast with Yahoo! Search.  
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping

Kirim email ke