ari kuring mah ningali masigit teh tina aspek
manajemen (ngokolakeun), jeung pangaruh sosial
budayana pikeun lingkungan sabudeureun masigit.
Ceuk cenah mah, jaman Nabi masigit teh boga multi
fungsi, heunteu ngan sakadar keur solat wae. Tapi oge
tempat nyawalakeun perkara kadunyaan. Pikeun sawatara
jalma mah meureun memang masigit teh teu narik ati.
Pangurusna kolot-kolot, WC jeung tempat wuduna oge
kuleuheu, bau hangseur. Cindekna masigit teh hiji
tempat anu matak solat heunteu khusuk.
Ayeuna aya tren anyar, masigit ngajegir paalus-alus,
WC na oge, jiga wc di hotel bintang lima,Atuh rohangan
tempat solat oge langab jeung ublug ablag, matak
pikabetaheun solat. Masyarakat oge, jiga nu kasihir.
Teu kaop aya beja, aya masigit alus, brul ngaleut
ngabandaleut (jiga pelesir), ngajugjug eta masigit.
Tapi upama dititenan leuwih taliti, kanyahoan,
fungsina masigit kakarek sakadar keur solat, can nepi
ka jadi tempat pasamoan anu nyawalakeun perkara
kadunyaan.
Aya mangsana, masigit jadi hiji "trensetter", atawa
"cap dagang" hiji fenomena sosial. Jiga waktu jaman
ahir taun 1970 an, pasti kungsi ngadengen YISC(youth
Islamic Studi Club)di masigit Al Azhar Kebayoran
Baru.Kagiatan anu rutin mangrupa ceramah/kuliah umum
ti para pakar dina widangna, biasana diayakeun unggal
saptu sore,kadang-kadang ngayakeun olahraga, rekreasi
babarengan, jrrd. Harita mah Kebayoran teh, nyirikeun
hiji kota di wewengkon kidul Jakarta anu boga citra
tempat cicing para intelektual jeung jalma jegud.
Salah sahiji tokoh alumni YISC nyaeta Jimly
Assidieqi(ayeuna ketua Mahkaman Konstitusi). Ti harita
jadi hiji tren, tiap-tiap masigit ngadegkeun Remaja
Islam, saperti Remaja Islam (masigit) Sunda Kelapa
(RISKA), Remaja Islam Cut Mutiah (RICMA), ieu ngan
nyebutkeun pikeun conto, euyeubna rumaja Islam di
kalangan elite hiji masyarakat.
Tapi nu kaitung fenomenal mah, anu dimotoran ku
Masigit di jero Kampus, dimana kaangkat citrana,
kusabab aya embel-embel ngaran kampusna, saperti
masigit Arif Rahman Hakim UI jeung Masigit Salman ITB
(tokohna Dr.Ir. Imanuddin). Upama tadi mah, tren
Rumaja Islam, ngan sakadar ngadeukeutkeun rumaja ka
lingkungan masigit, tapi masigit kampus salian ti
ngajak para mahasiswa neuleuman ajaran Islam sacara
"kaffah", oge para aktivisna boga kasadaran anu hade
dina widang politik (ieu mah analisis
kuring).Kasadaran politik ieu, anu dianggap pamarentah
Orde Baru harita, dianggap bisa jadi "bibit panyakit"
anu bakal ngarongrong. Fakta ieu anu dihaja
"dikonstruksikeun" direkayasa jeung "dibulak-balik" ku
oknum di pamarentahan.
Perkara, gerakan masigit di Kampus, kang Oman atanapi
wargi KUSnet alumni LMD masigit Salman tiasa
ngalengkepan langkung paos.
baktos,
mrachmat Uidipura
kungsi ngasaan "masantren" di YISC jeung Salman
--- Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Maling Masigit (sambungan)
> Keur kuring, perkara maling masigit ieu
> nembongkeun fenomena lian atawa legegna pasoalan
> nu leuwih kompleks: Dina konteks urang Sunda atawa
> urang Batawi, hal ieu ngan nandeskeun keokna urang
> Batawi atawa urang Sunda. Sacara ekonomi, budaya,
> jeung sosial (kaasup politik pisan, meureun) geus
> kadeseh; pon kitu deui dina perkara kahirupan
> organisasi atawa prak-prakan kaagamaan. Nepi ka Pa
> Ajip (Rosidi) sakali mangsa kungsi nyaur: Teu bener
> mun urang Sunda (disebut) rasialis. Buktina, Ketua
> MUI Jabar lain urang Sunda. Ceuk kuring dina hate,
> lain perkara teu rasialis atawa rasialis. Tapi, nya
> keok bae. Kasauran eta sepuh nu remen gagah teh,
> keur kuring, ukur ngupahan maneh.
>
____________________________________________________________________________________
Never miss a thing. Make Yahoo your home page.
http://www.yahoo.com/r/hs