Kulantaran trend Masigit dikunjungan satengah wisata...nah..diburuan atanapi
sabuderna pinuh kunu dagang...janten kotor sareng jorok...Cobi tingal
Masigit sejuk di kebun teh Puncak...pinih ku tenda bulao
plastik...............

On 12/6/07, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   ari kuring mah ningali masigit teh tina aspek
> manajemen (ngokolakeun), jeung pangaruh sosial
> budayana pikeun lingkungan sabudeureun masigit.
>
> Ceuk cenah mah, jaman Nabi masigit teh boga multi
> fungsi, heunteu ngan sakadar keur solat wae. Tapi oge
> tempat nyawalakeun perkara kadunyaan. Pikeun sawatara
> jalma mah meureun memang masigit teh teu narik ati.
> Pangurusna kolot-kolot, WC jeung tempat wuduna oge
> kuleuheu, bau hangseur. Cindekna masigit teh hiji
> tempat anu matak solat heunteu khusuk.
> Ayeuna aya tren anyar, masigit ngajegir paalus-alus,
> WC na oge, jiga wc di hotel bintang lima,Atuh rohangan
> tempat solat oge langab jeung ublug ablag, matak
> pikabetaheun solat. Masyarakat oge, jiga nu kasihir.
> Teu kaop aya beja, aya masigit alus, brul ngaleut
> ngabandaleut (jiga pelesir), ngajugjug eta masigit.
> Tapi upama dititenan leuwih taliti, kanyahoan,
> fungsina masigit kakarek sakadar keur solat, can nepi
> ka jadi tempat pasamoan anu nyawalakeun perkara
> kadunyaan.
>
> Aya mangsana, masigit jadi hiji "trensetter", atawa
> "cap dagang" hiji fenomena sosial. Jiga waktu jaman
> ahir taun 1970 an, pasti kungsi ngadengen YISC(youth
> Islamic Studi Club)di masigit Al Azhar Kebayoran
> Baru.Kagiatan anu rutin mangrupa ceramah/kuliah umum
> ti para pakar dina widangna, biasana diayakeun unggal
> saptu sore,kadang-kadang ngayakeun olahraga, rekreasi
> babarengan, jrrd. Harita mah Kebayoran teh, nyirikeun
> hiji kota di wewengkon kidul Jakarta anu boga citra
> tempat cicing para intelektual jeung jalma jegud.
> Salah sahiji tokoh alumni YISC nyaeta Jimly
> Assidieqi(ayeuna ketua Mahkaman Konstitusi). Ti harita
> jadi hiji tren, tiap-tiap masigit ngadegkeun Remaja
> Islam, saperti Remaja Islam (masigit) Sunda Kelapa
> (RISKA), Remaja Islam Cut Mutiah (RICMA), ieu ngan
> nyebutkeun pikeun conto, euyeubna rumaja Islam di
> kalangan elite hiji masyarakat.
>
> Tapi nu kaitung fenomenal mah, anu dimotoran ku
> Masigit di jero Kampus, dimana kaangkat citrana,
> kusabab aya embel-embel ngaran kampusna, saperti
> masigit Arif Rahman Hakim UI jeung Masigit Salman ITB
> (tokohna Dr.Ir. Imanuddin). Upama tadi mah, tren
> Rumaja Islam, ngan sakadar ngadeukeutkeun rumaja ka
> lingkungan masigit, tapi masigit kampus salian ti
> ngajak para mahasiswa neuleuman ajaran Islam sacara
> "kaffah", oge para aktivisna boga kasadaran anu hade
> dina widang politik (ieu mah analisis
> kuring).Kasadaran politik ieu, anu dianggap pamarentah
> Orde Baru harita, dianggap bisa jadi "bibit panyakit"
> anu bakal ngarongrong. Fakta ieu anu dihaja
> "dikonstruksikeun" direkayasa jeung "dibulak-balik" ku
> oknum di pamarentahan.
>
> Perkara, gerakan masigit di Kampus, kang Oman atanapi
> wargi KUSnet alumni LMD masigit Salman tiasa
> ngalengkepan langkung paos.
>
> baktos,
>
> mrachmat Uidipura
> kungsi ngasaan "masantren" di YISC jeung Salman
>
> --- Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED] <mamangantra2000%40yahoo.com>>
> wrote:
>
> > Maling Masigit (sambungan)
> > Keur kuring, perkara "maling masigit" ieu
> > nembongkeun fenomena lian atawa – legegna – pasoalan
> > nu leuwih kompleks: Dina konteks urang Sunda atawa
> > urang Batawi, hal ieu ngan nandeskeun keokna urang
> > Batawi atawa urang Sunda. Sacara ekonomi, budaya,
> > jeung sosial (kaasup politik pisan, meureun) geus
> > kadeseh; pon kitu deui dina perkara kahirupan
> > organisasi atawa prak-prakan kaagamaan. Nepi ka Pa
> > Ajip (Rosidi) sakali mangsa kungsi nyaur: "Teu bener
> > mun urang Sunda (disebut) rasialis. Buktina, Ketua
> > MUI Jabar lain urang Sunda". Ceuk kuring dina hate,
> > lain perkara teu rasialis atawa rasialis. Tapi, nya
> > keok bae. Kasauran eta sepuh nu remen gagah teh,
> > keur kuring, ukur ngupahan maneh.
> >
>
> __________________________________________________________
> Never miss a thing. Make Yahoo your home page.
> http://www.yahoo.com/r/hs
> 
>

Kirim email ke