Teu kedah lieur da kitu tugasna ngajejelan otak murid ku rupi2 pangaweruh. 
Julukan eta sadayana leres, gumantung ti mana dasarna. Upami julukan nagara 
ngabangun tangtos seueur widang anu kedah diwangun, janten dina widang naon eta 
membangun teh?. 
   
  Biasana upami dina widang ekonomi, anu janten ukuranana panghasilan rata2 
pendudukna. Pangwanguna dina widang kualitet penduduk (pembangunan sumber daya 
manusia/sdm), ukuranana teu ngan ukur penghasilan/pendapatan, tapi ditambih 
deui ku rupi2 angka (indikator): sapertos angka buta huruf/ melek huruf, angka 
kalahiran, kamatian ibu ngalahirkeun, angka kamatian balita, angka kamatian 
kasar, angka harapan hirup, naha umumna naha waktu dilahirkeun. Oge angka 
darajat kasehatan (morbidity rate). Eta sadaya didamel dina angka indeks, 
sahingga janten ukuran hiji nagara/propinsi atanapi daerah; kalebet tos majeng, 
nuju ngabangun atanapi malah kakantun. 
   
  Dina data lami, 2001 ti UNDP, nagara urang dina sagala indikator versi 
demografi mung lebet ka 102 tina 162 nagara di dunia. Nurutkeun versi ieu aya 
48 nagara kalebet majeng (High human dev), 78 nuju menbangun kalebet nagara 
Indonesia (Medium human dev.), sareng 36 nagara anu kakantun (Low human dev.), 
seuseurna di benua Afrika.
   
  Upami dina ukuran panghasilan rata2 penduduk (GNP per capita tahun 1999)): 
aya 33 nagara anu kalebet kagungan panghasilan luhur ($9,266 +), anu menengah 
aya 71 nagara ($756-9,265), sareng aya 58 nagara, Indonesia di kategori ieu, 
anu kalebet kagungan panghasilan kirang (low income per capita, nyaeta mung 
dugi ka $755.0). 
   
  Nagara2 anu nuju ngabangun oge numutkeun ieu sumber dikelompokeun deui sacara 
wilayah: Arab states 17 nagara, Asia Pacific 17 nagara, South Asia 8 nagara, 
Amerika Latin 26 nagara,Eropa selatan 2 nagara Cyprus sareng Turkey), sareng 
kumpulan Sub-Sahara Afrika 42 nagara. 
   
  Sadaya data ieu dicutat aki tams tina Human Development Report 2001 (UNDP, 
anu ngadasrkeun ka klasipikasi Worl Bank Juli 2000). Data anu sarupi oge tiasa 
dipaluruh di World Development Report. Kangge versi Indonesia UNDP, BPS,sareng 
BAPPENAS ngadamel Laporan sarupi dina dua bahasa, Indonesia sareng Inggris.Data 
anu enggal bade milarian heula.
   
  Baktos aki tams.         

ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Nepi ka ayeuna uing ge bingung, ari Indonesia teh nagara naon ?
basa sakola, guru uing sok ngalilieur da : 

Ceuk Guru Geografi, Indonesia teh Negara Kepulauan
ceuk Guru PMP, Indonesia teh Negara Pancasila
aya deui nu nyebut Negara Hukum, aya nu nyebut Negara Agraris,
hi hi

tuh ceuk batur mah, Indonesia teh Negara berkembang..
jadi nu mana nu bener ?

hi hi

-dul-
tukangteuing

--- In [email protected], mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> ieu mah tamba teu teuing, susu ganan make jurus wadul
> 
> eta teh cara noong bangsa kulon. maranehna ngabagi dunya, harita 
jadi tilu:
> 1. dunya kahiji, nagara2 maranehna,
> 2. dunya kadua, musuhna, harita uni sovyet jeung baladna
> 3. dunya katilua, kabeh nagara nu karek mucunghul rengse PD II. nu 
sacara
> fisik memang karek asup ka nagara berkembang, nu karek ngawangun da 
karek
> merdika.
> 
> sakali deui, meureun
> 
> 
> 
> On Dec 6, 2007 1:06 PM, Die Cikiray <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> > Indonesia , nagara berkembang? naha eta teh julukan atanapi
> > naonnya...(sapertos bogor kota hujan, bandung kota kembang dll), 
margi ti
> > sim kuring budak keneh kapungkur, neupi ka ayeuna geus budakan 
nyarebutna
> > anggeur keneh yen Indonesia nagara berkembang
> >
> > ------------------------------
> > Sent from Yahoo!<http://us.rd.yahoo.com/mailuk/taglines/isp/
control/*http://us.rd.yahoo.com/evt=51949/*http://uk.docs.yahoo.com/
mail/winter07.html>- the World's favourite mail.
> > 
> >
> 
> 
> 
> -- 
> geocities.com/mangjamal
> mangjamal.multiply.com
>



                         

       
---------------------------------
Looking for last minute shopping deals?  Find them fast with Yahoo! Search.

Kirim email ke