Numutkeun klasifikasi World Bank anu dimuat dina Laporan tahunan Human
Development Report 2006, perkawis nagara majeng, nuju ngabangun sareng nagara
kakantun teh diukur dina panghasilan rata2. Anu majeng $10,066 atanapi langkung
(high income), anu nuju ngabangun antawis $826-$10,065 (midle income); sarta
nagara anu kakantun $825 atanapi kirang (low income). Indonesia kalebet nagara
nuju ngabangun dina versi ieu, margi panghasilan rata2na nembe $1,184. Ari GDP
na mah ageung $257.6 billiun. mung kumargi jumlah pendudukna 220.1 milliun,
rada hese majengna. Dina laporan HDR 2006 teh ari lebetna mah nyandak tahun
2004. Sakitu heula, baktosna aki tams.
H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Ah ieu mah masalah komparasi ti
dunya internasional khususna Bank Dunya...Anu jadi patokan pan DC (Developed
Contry) anu nggeus beunghar rata2 GDP > $ 7000/capita.. Anu kurang disebutlah
LDC (Less Developed Country) apdahal lamun ditarjamahkeun leterlijk
mah...Nagara Anu Kurang Berkembang...
On 12/6/07, Die Cikiray <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Indonesia ,
nagara berkembang? naha eta teh julukan atanapi naonnya...(sapertos bogor kota
hujan, bandung kota kembang dll), margi ti sim kuring budak keneh kapungkur,
neupi ka ayeuna geus budakan nyarebutna anggeur keneh yen Indonesia nagara
berkembang
---------------------------------
Sent from Yahoo! - the World's favourite mail.
---------------------------------
Never miss a thing. Make Yahoo your homepage.