Heu... Heu... Heu...
Indonesia, Indonesia...
Buruk buruk papan buruk .... jati.
Oman Abdurahman wrote:
> Ti baheula karek mekar (berkembang) wae nya? iraha buahanana?
> Boa-boa
> Indonesia mah, tong boroning "berkembang" , dalah nagara na oge masih
> keur berevolusi heuheu. Sakapeung, lieur hirup di Indonesia, tapi teu
> bisa ninggalkeun. Barina oge wright or wrong ....or....:)
> Mun teu salah (bener :) ), jujuluk "terbelakang" , "berkembang" ,
> atawa "maju" teh mucunghulna jaman keur ngaleuyahna injeuman ti
> nagara2 donor model IGGI, baheula, keur di urang mah jaman orba tea.
> Tapi, ulah salempang, ceuk para pakar komunikasi (heuheu, punten ka
> Kang Maman Gatra, abdi mayunan), wilayah politik teu saeutik
> mangaruhan kana kosa kata atawa kekecapan anu digunakeun dina
> komunikasi (politik) sapopoe.
> Contona wae, jaman BK, nerekab istilah: "revolusi". Sagala rupa
> dikaitkeun jeung revolusi. Jaman Orba, maceuh istilah-istilah:
> pangwangunan. nepi ka boh nu anti atawa anu ngarojong dikaitkeun
> jeung "pangwangunan" : bapak pembangunan, anti pembangunan, nginjeum
> duit keur pembangunan, jst. Kaasup klasifikasi "nagara berkembang".
> Ulah salempang, tapi ulah nikmat oge.
> Ulah salempang, boa-boa eta mah ukur keur ngawangun citra diri
> Indonesia, sangkan buleud dina kayakinana: da nagara berkembang tea,
> kudu wae gumantung kana bantuan (hutang), moal bisa hudang mun teu
> dirojong ku injeuman nagara maju, jst.
> Ulah kangeungeunahan teuing bisi satemenna, boa-boa mekar, dalah
> lalampahan nagara teh geus jauh ti ijiran ayana hiji nagara, bisi
> faktana geus teu nyumponan ciri-ciri normalna hiji nagara.
> Kudu kumaha atuh? kateuing, da hirup mah kudu terus jalan, teu
> gumantung kana jujuluk atawa pujian nu sejen. Naon anu karasa jeung
> kaalaman, eta kaayaan urang sapopoe. Hayu urang hadean wae sabisa-
> bisa. Go to hell jujuluk, heuheu.
> Kitu wae, nurutan Mj, meureun eta oge.
> manAR
> --- In [EMAIL PROTECTED] ups.com , Die Cikiray <die_cikiray@ ...> wrote:
>>
>> Indonesia , nagara berkembang? naha eta teh julukan atanapi
> naonnya...(sapertos bogor kota hujan, bandung kota kembang dll), margi
> ti sim kuring budak keneh kapungkur, neupi ka ayeuna geus budakan
> nyarebutna anggeur keneh yen Indonesia nagara berkembang
>>
>>
>> ------------ --------- --------- ---
>> Sent from Yahoo! - the World's favourite mail.
>>
>
________________________________________________________
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi
Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/