Ti baheula karek mekar (berkembang) wae nya? iraha buahanana? Boa-boa Indonesia mah, tong boroning "berkembang", dalah nagara na oge masih keur berevolusi heuheu. Sakapeung, lieur hirup di Indonesia, tapi teu bisa ninggalkeun. Barina oge wright or wrong ....or....:)
Mun teu salah (bener :) ), jujuluk "terbelakang", "berkembang", atawa "maju" teh mucunghulna jaman keur ngaleuyahna injeuman ti nagara2 donor model IGGI, baheula, keur di urang mah jaman orba tea. Tapi, ulah salempang, ceuk para pakar komunikasi (heuheu, punten ka Kang Maman Gatra, abdi mayunan), wilayah politik teu saeutik mangaruhan kana kosa kata atawa kekecapan anu digunakeun dina komunikasi (politik) sapopoe. Contona wae, jaman BK, nerekab istilah: "revolusi". Sagala rupa dikaitkeun jeung revolusi. Jaman Orba, maceuh istilah-istilah: pangwangunan. nepi ka boh nu anti atawa anu ngarojong dikaitkeun jeung "pangwangunan": bapak pembangunan, anti pembangunan, nginjeum duit keur pembangunan, jst. Kaasup klasifikasi "nagara berkembang". Ulah salempang, tapi ulah nikmat oge. Ulah salempang, boa-boa eta mah ukur keur ngawangun citra diri Indonesia, sangkan buleud dina kayakinana: da nagara berkembang tea, kudu wae gumantung kana bantuan (hutang), moal bisa hudang mun teu dirojong ku injeuman nagara maju, jst. Ulah kangeungeunahan teuing bisi satemenna, boa-boa mekar, dalah lalampahan nagara teh geus jauh ti ijiran ayana hiji nagara, bisi faktana geus teu nyumponan ciri-ciri normalna hiji nagara. Kudu kumaha atuh? kateuing, da hirup mah kudu terus jalan, teu gumantung kana jujuluk atawa pujian nu sejen. Naon anu karasa jeung kaalaman, eta kaayaan urang sapopoe. Hayu urang hadean wae sabisa- bisa. Go to hell jujuluk, heuheu. Kitu wae, nurutan Mj, meureun eta oge. manAR --- In [email protected], Die Cikiray <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Indonesia , nagara berkembang? naha eta teh julukan atanapi naonnya...(sapertos bogor kota hujan, bandung kota kembang dll), margi ti sim kuring budak keneh kapungkur, neupi ka ayeuna geus budakan nyarebutna anggeur keneh yen Indonesia nagara berkembang > > > --------------------------------- > Sent from Yahoo! - the World's favourite mail. >

