Tos diaos seratan teh. Sae, komprehensif sareng aspiratif. Kumaha atuh upami 
enggal dikawitan lengkah nyata. Aya dua hal. Kahiji, internal Kusnet sareng 
para pangrojong gagasan Museum Otista ngadamel wadah sementara kanggo 
ngagerakkeun proses saterasna. Di luar babakan Kusnet, kedah didorong proses 
interaksi di antawis mangrupi pihak ngeunaan pamaksadan tea. Keun sina aya 
proses sosialisasi di rohangan komunikasi balarea, dugi ka pihak pengambil 
kebijakan publik (pamarentah jeung DPRD) kagusur ancrub kana proses ngabahas 
gagasan.
Ti dinya mah sigana bakal ngagorolong tah gagasan teh, keun sakumna urang Sunda 
sing rame ngadurenyomkeunana. Hasilna jadi milik sarerea.

Hatur nuhun,
pun Dimyati


----- Original Message ----
From: MSasmita <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Monday, December 24, 2007 3:35:27 AM
Subject: [Urang Sunda] Museum Oto Iskandar Dinata deui.

Hatur nuhun ka baraya sadayana anu parantos ngengklokan kana seratan sim kuring 
perkawis Museum Oto Iskandar di Nata, eta seratan baraya teh diropea, 
Alhamdulillah janten hiji seratan dina PR Teropong kaping 24 Desember 2007 
tiasa diaos di http://beta. pikiran-rakyat. com/index. php?mib=beritade 
tail&id=5588 
 
MSasmita


Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke