Wilujeng Ua sas sareng nu sanesna mugia ieu pamaksadakan teh sing enggal
ngawujud.

Baktos
ERN

On 12/25/07, MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>    Hatur nuhun kang Dimyati, Kang Misan, Kang Rachmat, Mang H (MH, he he
> basa Cina na tegep, bari teu ngarti sakecap ge) sareng nu sanesna.
> Anu tos dilaksanakeun sosialisasi gagasan ieu nu ngawitan mah dina acara
> Golempang di Bandung TV, anu janten panumbu catur (moderator) Kang Dian
> Hendrayana.
> Panyatur Kang Iip D Yahya anu ngabahas Oto tina sisi sajarahna, atuh sim
> kuring anu ngabahas gagasan museum Oto.
> Acara Golempang ieu dina dinten kemis (20 Desember 2007) anu
> kalangkung, acara ieu teh digagas ku Kang Dian, kanggo mieling 62 taun Oto
> ngantunkeun. Memang katingalna rada wawanianan kumargi anu janten panyatur
> mung duaan nyaeta Kang Iip sareng sim kuring, margina disebat wawanianan
> margi teu aya pisan anu sanes komo ti sejarawan mah. Mung dina gerentes hate
> da niatna ge hade, janten rada wantun.
> Acara teh live, janten seueur anu nelepon. Alhamdulillah sadayana anu
> nelepon ge ngadukung, malih kasepuhan Abah Surya ( Bapa Hidayat Suryalaga)
> nelepon kana eta acara.
> Anu kadua nya dina wangun seratan dina PR Teropong tea, eta sadaya 4 kaca
> Teropong seep sadayana ku perkawis Oto, Kang Iip tetep dina hal kesejarahan
> ditambih ku Pa Sobana ti Unpad.
> Sosialisasi gagasan tos ngagilinding, upami ningal mediana boh Bandung TV
> anu gaduh susuluk Jati Diri Pasundan, sareng PR, saheulaanan mah nyekapan,
> kantun ngantosan reaksi ti balarea.
> Dinten ieu bade dibahas secara terbatas ku KDKBK boh Wastu Project boh
> Oto, Wastu kanggo ngawadahan pikiran bihari, Oto kanggo ngawadahan
> pikiran kamari, diadumaniskeun kanggo pikiran kiwari.
>
> MSasmita
>
>  ----- Original Message -----
> *From:* Ahmad Dimyati <[EMAIL PROTECTED]>
> *To:* [email protected]
> *Sent:* Monday, December 24, 2007 7:52 AM
> *Subject:* Re: [Urang Sunda] Museum Oto Iskandar Dinata deui.
>
> Tos diaos seratan teh. Sae, komprehensif sareng aspiratif. Kumaha atuh
> upami enggal dikawitan lengkah nyata. Aya dua.........
>
>  ----- Original Message -----
> *From:* AA misan <[EMAIL PROTECTED]>
> *To:* [email protected]
> *Sent:* Monday, December 24, 2007 2:39 PM
> *Subject:* [Urang Sunda] Pro Wa Sas .........
>
> Hi,
>
> Should you know that your picture shown on today's PR (24/12/2007) looks
> so gagah. Or, should I say full of charisma ? Just cannot find the right
> word for it . Anyway, you've been wonderful . As always .........
>
>  ----- Original Message -----
> *From:* mh <[EMAIL PROTECTED]>
> *To:* [email protected]
> *Sent:* Monday, December 24, 2007 3:43 PM
> *Subject:* Re: [Urang Sunda] Pro Wa Sas .........
> Hi,
> Ni ying zhi tao ni zai zing tian de PR (24/12/2007) kan teng de xiang
> pian,
> kan zhi lai heng ying yong huo wo ying suo shi chong man........
>
>  
>

Kirim email ke