Punten, aya sababaraha catetan perkawis OTISTA ieu.

Kahiji, anu paling poko (ceuk kuring), sanes
ngadegkeun  musiumna, tapi ngagedurkeun sumanget hiji
tokoh Sunda anu gaduh komitmen sareng jiwa KASUNDAA
tapi oge INDONESIANIS. Bandingkeun sareng Ali Sadikin,
teureuh SUNDA anu gaduh nami di tingkat nasional.
Bandingkeun oge sareng Ginanjar Kartasasmita, anggota
DPD di DPR/MPR  ngawakilan masyarakat Jawa Barat
(urang Sunda) di tingkat nasional.

Kadua, peryogi aya strategi kebudayaan anu disaluyuan 
ku pihak pamarentah daerah sareng non-pamarentah,
nyosialisasikeun ka masyarakat JIWA KASUNDAAN  anu
janten dadasar KAINDONESIAAN, tapi heunteu matak
ngajadikeun ETNOSENTRISME.

Katilu, ku ayana poin hiji sareng dua di luhur, teu
aya  maksad ngultuskeun hiji tokoh, nyapirakeun tokoh
sanesna. Tapi estuning pikeun ngaefektifkeun waragad,
tanaga sareng waktu pikeun ngatur strategi kabudayaan 
 nyosialisasikeun JIWA KASUNDAAN.


baktos,

mrachmat uidipura.


baktos,


--- Ahmad Dimyati <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Tos diaos seratan teh. Sae, komprehensif sareng
> aspiratif. Kumaha atuh upami enggal dikawitan
> lengkah nyata. Aya dua hal. Kahiji, internal Kusnet
> sareng para pangrojong gagasan Museum Otista
> ngadamel wadah sementara kanggo ngagerakkeun proses
> saterasna. Di luar babakan Kusnet, kedah didorong
> proses interaksi di antawis mangrupi pihak ngeunaan
> pamaksadan tea. Keun sina aya proses sosialisasi di
> rohangan komunikasi balarea, dugi ka pihak pengambil
> kebijakan publik (pamarentah jeung DPRD) kagusur
> ancrub kana proses ngabahas gagasan.
> Ti dinya mah sigana bakal ngagorolong tah gagasan
> teh, keun sakumna urang Sunda sing rame
> ngadurenyomkeunana. Hasilna jadi milik sarerea.
> 
> Hatur nuhun,
> pun Dimyati
> 
> 
> ----- Original Message ----
> From: MSasmita <[EMAIL PROTECTED]>
> To: [email protected]
> Sent: Monday, December 24, 2007 3:35:27 AM
> Subject: [Urang Sunda] Museum Oto Iskandar Dinata
> deui.
> 
> Hatur nuhun ka baraya sadayana anu parantos
> ngengklokan kana seratan sim kuring perkawis Museum
> Oto Iskandar di Nata, eta seratan baraya teh
> diropea, Alhamdulillah janten hiji seratan dina PR
> Teropong kaping 24 Desember 2007 tiasa diaos di
> http://beta. pikiran-rakyat. com/index.
> php?mib=beritade tail&id=5588 
>  
> MSasmita
> 
> 
> Send instant messages to your online friends
> http://uk.messenger.yahoo.com 



      
____________________________________________________________________________________
Looking for last minute shopping deals?  
Find them fast with Yahoo! Search.  
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping

Kirim email ke