Hatur nuhun kang Dimyati, Kang Misan, Kang Rachmat, Mang H (MH, he he basa Cina 
na tegep, bari teu ngarti sakecap ge) sareng nu sanesna.
Anu tos dilaksanakeun sosialisasi gagasan ieu nu ngawitan mah dina acara 
Golempang di Bandung TV, anu janten panumbu catur (moderator) Kang Dian 
Hendrayana.
Panyatur Kang Iip D Yahya anu ngabahas Oto tina sisi sajarahna, atuh sim kuring 
anu ngabahas gagasan museum Oto.
Acara Golempang ieu dina dinten kemis (20 Desember 2007) anu kalangkung, acara 
ieu teh digagas ku Kang Dian, kanggo mieling 62 taun Oto ngantunkeun. Memang 
katingalna rada wawanianan kumargi anu janten panyatur mung duaan nyaeta Kang 
Iip sareng sim kuring, margina disebat wawanianan margi teu aya pisan anu sanes 
komo ti sejarawan mah. Mung dina gerentes hate da niatna ge hade, janten rada 
wantun.
Acara teh live, janten seueur anu nelepon. Alhamdulillah sadayana anu nelepon 
ge ngadukung, malih kasepuhan Abah Surya ( Bapa Hidayat Suryalaga) nelepon kana 
eta acara.
Anu kadua nya dina wangun seratan dina PR Teropong tea, eta sadaya 4 kaca 
Teropong seep sadayana ku perkawis Oto, Kang Iip tetep dina hal kesejarahan 
ditambih ku Pa Sobana ti Unpad.
Sosialisasi gagasan tos ngagilinding, upami ningal mediana boh Bandung TV anu 
gaduh susuluk Jati Diri Pasundan, sareng PR, saheulaanan mah nyekapan, kantun 
ngantosan reaksi ti balarea.
Dinten ieu bade dibahas secara terbatas ku KDKBK boh Wastu Project boh Oto, 
Wastu kanggo ngawadahan pikiran bihari, Oto kanggo ngawadahan pikiran kamari, 
diadumaniskeun kanggo pikiran kiwari.

MSasmita

----- Original Message ----- 
From: Ahmad Dimyati 
To: urangsunda@yahoogroups.com 
Sent: Monday, December 24, 2007 7:52 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Museum Oto Iskandar Dinata deui.

Tos diaos seratan teh. Sae, komprehensif sareng aspiratif. Kumaha atuh upami 
enggal dikawitan lengkah nyata. Aya dua.........

----- Original Message ----- 
From: AA misan 
To: urangsunda@yahoogroups.com 
Sent: Monday, December 24, 2007 2:39 PM
Subject: [Urang Sunda] Pro Wa Sas .........

Hi,

Should you know that your picture shown on today's PR (24/12/2007) looks so 
gagah. Or, should I say full of charisma ? Just cannot find the right word for 
it . Anyway, you've been wonderful . As always .........

----- Original Message ----- 
From: mh 
To: urangsunda@yahoogroups.com 
Sent: Monday, December 24, 2007 3:43 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Pro Wa Sas .........
Hi,
Ni ying zhi tao ni zai zing tian de PR (24/12/2007) kan teng de xiang pian,
kan zhi lai heng ying yong huo wo ying suo shi chong man........

Kirim email ke