aya pangalaman rerencangan kuring, damel di salah
sahiji pangusaha arab di Arab Saudi.

Rerencangan kuring lulusan S1 Fakultas Teknik UI.
Pendak sareng salah sawios pangusaha arab di
Indonesia. Tina kenalan teras ngajak damel di Arab
Saudi. Rerencangan kuring ngabayangkeun, bakal
nyugemakeun upama damel di Arab langsung kontak sareng
Urang Arabna. Ahirna aya kasapakatan sareng teken
kontrak kerja (dina basa arab)janten programer
kompter. Teras rerencangan teh damel di Arab. Ngawitan
mah, ngadongengn dina email teh, serpis pangusaha arab
"memuaskan". Diajak jalan-jalan ngangge mobil limosin,
sareng diajak umrah sagala. Nembe ge damel dua sasih,
tos teu betah, damel jiga rodi, dikonci di hiji
rohangan, ngalaksanakeun order padamelan dugi ka
rengse, teu aya istirahatna. Gaji sasih kadua teu
dipasihkeun alesanana padamelan teu acan rengse, ceuk
cenah aya dina keusi kontrak. Rerencangan kuring teu
terang detil eusi kontrak, margi diserat dina basaarab
tea.

Ahirna sasih kalima, "kabur" ti tempat damel, kantos
lebet di penjara arab dihijikeun sareng padamel TKI
gelap anu dongkap ka Arab. Salami di penjara oge,
susulumputan sareng ngangge nami palsu (paspor ditahan
ku pangusaha arab), margi diudag-udag ku pangusaha
arab anu ngiket kontrak. Moal sakali-kali deui damel
sareng urang Arab, cenah.

Pokona pangalaman salami damel di arab, matak
pikasediheun, tapi oge hookeun pikeun urang jalma anu
normal. Aya pangalaman pendak sareng istri urang arab
anu "haus" kasih sayang ti pameget. Kenalan sareng
salah saurang pengawal Raja Arab, anu nyarioskeun
kondisi raja arab anu keuna stroke,  padamelanana ngan
cicing wae di istana karajaan anu aya lebet laut
merah.

Intina mah, hujan "emas" di nagri deungeun, masih
mending di nagri urang, sok sanajan unggal poe
ngarandapan hujan "batu".

baktos,

mrachmat uidipura.

--- Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Duit  teu wawuheun  jeung ideologi (oge agama,
> meureun), ceuk Saeed al 
> Muntafiq, pupuhu Young Arab Leaders. Jadi keur narik
> investasi urang Arab nu 
> baleunghar, teu cukup kulanataran
> saideologi(saagama), tapi nu paling 
> penting duit nu diinvestkeun balik deui jeung
> jumlahna jadi ngaleuwihan 
> alias nguntungkeun. Prinsip universal kaum nu boga
> duit, teu kudu 
> disalahkeun. Tah kumaha narik milyader urang Arab
> supaya daek mawa duitna ka 
> nagara urang? Nyanggakeun artikelna ti Majalah
> Gatra:
> 
> Menarik Minat Milyarder Arab
> 
> G.A. Guritno
> [Internasional, Gatra Nomor 5 Beredar Kamis, 13
> Desember 2007]
> 



      
____________________________________________________________________________________
Looking for last minute shopping deals?  
Find them fast with Yahoo! Search.  
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping

Kirim email ke