> From: "MRachmat Rawyani" <[EMAIL PROTECTED]> > Pokona pangalaman salami damel di arab, matak > pikasediheun, tapi oge hookeun pikeun urang jalma anu > normal. Aya pangalaman pendak sareng istri urang arab > anu "haus" kasih sayang ti pameget.
Kutan kitu Kang Rahmat? Boro kuring mapanas Alo, nu rek lulus ti Polman (politeknik Swiss ITB). Cekeng teh, kadituh digawe mah ka Arab, ngarah gajih gede. Hih ari kitu mah kudu dibejaan deui yeuh ..... Perkawis seks, wah dongeng eta mah ngabugbrug. Kuring ngareungeu ti sababraha urang, nu jaradi supir di Arab Saudi. Teu kudu dicaritakeun ah, bisi pajarkeun ngagogoreng, ngan dongengna matak helok jeung gogodeg. Baktos, WALUYA

