Jigana wae urang Arab mah, sacara sosiologis,
pangalaman katenagakerjaanana teh, dipangaruhan sistem
"budak belian" tea. Nu matak teu heran upami sistem
anu diterapkeun umumna di pausahaan urang arab ngacu
kadinya. Sami siga di urang, upami "memperlakukan"
tenaga pembantu rumah tangga. Masih seueur anu nganut
sistem "bujang-dunungan" atanapi "jongos-juragan".
aya dongengna perkawis pembantu ieu, anu di carioskeun
ku pa Rektor UI ayeuna. Hiji mangsa aya salah sawios
Pembantu Dekan UI anu lapor ka kantor polisi, bumina
kamalingan. Waktos ditaros, jabatan anu ngalapor,
pembantu dekan. Ari pok teh pa polisi ngawaler, "maaf,
di kanor polisi mah tidak menerima laporan dari
pembantu." Nya, ti harita, nami pembantu pupuhu di
paguron luhur digentos janten Wakil. Kapirengna oge
rada merenah.
baktos,
mrachmat uidipura
--- Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > From: "MRachmat Rawyani"
> <[EMAIL PROTECTED]>
> > Pokona pangalaman salami damel di arab, matak
> > pikasediheun, tapi oge hookeun pikeun urang jalma
> anu
> > normal. Aya pangalaman pendak sareng istri urang
> arab
> > anu "haus" kasih sayang ti pameget.
>
> Kutan kitu Kang Rahmat? Boro kuring mapanas Alo, nu
> rek lulus ti Polman
> (politeknik Swiss ITB). Cekeng teh, kadituh digawe
> mah ka Arab, ngarah gajih
> gede. Hih ari kitu mah kudu dibejaan deui yeuh .....
>
> Perkawis seks, wah dongeng eta mah ngabugbrug.
> Kuring ngareungeu ti
> sababraha urang, nu jaradi supir di Arab Saudi. Teu
> kudu dicaritakeun ah,
> bisi pajarkeun ngagogoreng, ngan dongengna matak
> helok jeung gogodeg.
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and
know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ