Saur simkuring mah, penting pisan urang ngartos kana bahasa  nagara anu jadi 
tempat tujuan urang digawe. Sangkan urang teu dibobodo sareng teu dilicikan. 
Oge urang kedah terang nomer kontak KBRI di nagara deungeun nu dituju, janten 
mun aya nanaon kari dikontak. Upami tiasa mah, langkung sae urang ngiringan 
Sarekat buruh nu aya di nagara deungeun eta, sangkan urang gaduh dukungan 
atanapi dekeng mun aya nu rek niat jahat ka urang.

Eko Ruska Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                               Aya 
rerencangan sim kuring di jeddah tapi sigana mah betah sigana tos
 aya 10 tahunan damelna malihan posisina oge sae FAM (Finance &
 Acounting Manager) mamanawian kang gin gin aktip keneh di milis kusnet
 mangga pedar kang gin gin pangalamanana damel di jeddah. Tepang sareng
 anjeuna teh kirang langkung 2 tahun kapengker dibandung da bumi dibuah
 batu caket palasari asana mah di jalan gajah kitu ? resep pisan medar
 pangalaman anjeuna damel sareng urang arab, rata-rata urang arab mah
 marales cenah he he tapi teu sadayana.....sok pedar kang gin gin
 mamanawian aktip keneh. Aya hiji deui si kang Ano urang sukabumi
 anjeuna Manajer IT kirang langkung tos bade 4-5 tahunan di jeddah
 oge...saurna mah di tempat damelna seueur urang sunda cenah.
 
 Baktos
 ERN
 
 On 12/24/07, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 >
 > aya pangalaman rerencangan kuring, damel di salah
 >  sahiji pangusaha arab di Arab Saudi.
 >
 >  Rerencangan kuring lulusan S1 Fakultas Teknik UI.
 >  Pendak sareng salah sawios pangusaha arab di
 >  Indonesia. Tina kenalan teras ngajak damel di Arab
 >  Saudi. Rerencangan kuring ngabayangkeun, bakal
 >  nyugemakeun upama damel di Arab langsung kontak sareng
 >  Urang Arabna. Ahirna aya kasapakatan sareng teken
 >  kontrak kerja (dina basa arab)janten programer
 >  kompter. Teras rerencangan teh damel di Arab. Ngawitan
 >  mah, ngadongengn dina email teh, serpis pangusaha arab
 >  "memuaskan". Diajak jalan-jalan ngangge mobil limosin,
 >  sareng diajak umrah sagala. Nembe ge damel dua sasih,
 >  tos teu betah, damel jiga rodi, dikonci di hiji
 >  rohangan, ngalaksanakeun order padamelan dugi ka
 >  rengse, teu aya istirahatna. Gaji sasih kadua teu
 >  dipasihkeun alesanana padamelan teu acan rengse, ceuk
 >  cenah aya dina keusi kontrak. Rerencangan kuring teu
 >  terang detil eusi kontrak, margi diserat dina basaarab
 >  tea.
 >
 >  Ahirna sasih kalima, "kabur" ti tempat damel, kantos
 >  lebet di penjara arab dihijikeun sareng padamel TKI
 >  gelap anu dongkap ka Arab. Salami di penjara oge,
 >  susulumputan sareng ngangge nami palsu (paspor ditahan
 >  ku pangusaha arab), margi diudag-udag ku pangusaha
 >  arab anu ngiket kontrak. Moal sakali-kali deui damel
 >  sareng urang Arab, cenah.
 >
 >  Pokona pangalaman salami damel di arab, matak
 >  pikasediheun, tapi oge hookeun pikeun urang jalma anu
 >  normal. Aya pangalaman pendak sareng istri urang arab
 >  anu "haus" kasih sayang ti pameget. Kenalan sareng
 >  salah saurang pengawal Raja Arab, anu nyarioskeun
 >  kondisi raja arab anu keuna stroke,  padamelanana ngan
 >  cicing wae di istana karajaan anu aya lebet laut
 >  merah.
 >
 >  Intina mah, hujan "emas" di nagri deungeun, masih
 >  mending di nagri urang, sok sanajan unggal poe
 >  ngarandapan hujan "batu".
 >
 >  baktos,
 >
 >  mrachmat uidipura.
 
     
                               

       
---------------------------------
Never miss a thing.   Make Yahoo your homepage.

Kirim email ke