tumila mah resepeun pisan ditempat nu nyelepet,kayaning disela sela lampit, 
palupuh (talupuh), atawa dina sela-sela kasur, ari cara ngusirna mah gampang, 
bere we plang anu ditulisan "tempat ini akan segera digusur harap segera 
pindah" mun mantangul semprot we ku baygon atawa duruk we jeung kasur kasurna.

salian tempat nu disebutkeun diluhur, tumila ge boga tempat cicing pavorit anu 
sarua nyelepetna,nyaeta sok betaheun nyelegon dina kelek nu geuliz pangpangna 
nu sok biasa make baju lekbong. mun geus teu betaheun dina kelek lantaran 
kelekna haben disemprot deodorant sok pindah nerelek ka luhur kana sirah, matak 
mun aya nu geuliz gugutrut wae kana sirah, lain pedah salah sampo atawa loba 
kotombe, tapi dina sirahna tumila keur karawinan bari nyaroco. mun teu nerelek 
kaluhur nya sok turun kahandap, tetep teu jauh, neangan nu nyelepet oge.

kulantaran hobina karawin (boa aya nu nyandung oge), tumila mah mun diantep teu 
dibasmi sok leuya,baranahan,adi adian deui,incu incuan deui. abong tumila teu 
apal alat kontrasepsi.

aya sisindiran nu nyabit nyabit tumila.
"tumila diadu boksen, dibelaan ku adina"
"beuki lila beuki bosen, kapaksa ngaheroan adina"

sr 
*sanes ahli tumila komo baturna mah



  ----- Original Message ----- 
  From: Pangeran Gogon 
  To: [email protected] 
  Sent: Thursday, January 03, 2008 8:04 AM
  Subject: [Urang Sunda] Pangalaman Ngusir Tumila


  baraya...
  dupi di kusnet aya nu ngagaduhan pangalaman ngeunaan cara ngusir tumila?
  kesel pisan tah ka si "bau" teh, komo tah lamun geus nyoco meni ateul pisan.
  sok atuh ah dibagi pangalamannana ka sim kuring...


  cag ah, hatur nuhun.

  ps : kangge kang Junaedi di Menara Global, Peryogi keneh Kumaha Cara Diserang 
"Tongo"?. wikikikikik...... 






------------------------------------------------------------------------------
  Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search. 

   

Kirim email ke