dupi tongo resep na nyelepet dina hulu atawa siki???

syam <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  
tumila mah resepeun pisan ditempat nu  nyelepet,kayaning disela sela lampit, 
palupuh (talupuh), atawa dina sela-sela  kasur, ari cara ngusirna mah gampang, 
bere we plang anu ditulisan "tempat ini  akan segera digusur harap segera 
pindah" mun mantangul semprot we ku baygon  atawa duruk we jeung kasur kasurna.
  
 salian tempat nu disebutkeun diluhur, tumila ge  boga tempat cicing pavorit 
anu sarua nyelepetna,nyaeta sok betaheun  nyelegon dina kelek nu geuliz 
pangpangna nu sok biasa make baju lekbong.  mun geus teu betaheun dina kelek 
lantaran kelekna haben disemprot  deodorant sok pindah nerelek ka luhur kana 
sirah, matak mun aya nu  geuliz gugutrut wae kana sirah, lain pedah salah sampo 
atawa loba kotombe, tapi  dina sirahna tumila keur karawinan bari nyaroco. mun 
teu nerelek kaluhur nya sok  turun kahandap, tetep teu jauh, neangan nu 
nyelepet oge.
  
 kulantaran hobina karawin (boa aya nu nyandung  oge), tumila mah mun diantep 
teu dibasmi sok leuya,baranahan,adi adian deui,incu  incuan deui. abong tumila 
teu apal alat kontrasepsi.
  
 aya sisindiran nu nyabit nyabit  tumila.
 "tumila diadu boksen, dibelaan ku  adina"
 "beuki lila beuki bosen, kapaksa ngaheroan  adina"
  
 sr 
 *sanes ahli tumila komo baturna mah
  
  
  
    ----- Original Message ----- 
   From:    Pangeran Gogon    
   To: [email protected] 
   Sent: Thursday, January 03, 2008 8:04    AM
   Subject: [Urang Sunda] Pangalaman Ngusir    Tumila
   

      baraya...
dupi di kusnet aya nu ngagaduhan pangalaman ngeunaan cara    ngusir tumila?
kesel pisan tah ka si "bau" teh, komo tah lamun geus nyoco    meni ateul pisan.
sok atuh ah dibagi pangalamannana ka sim    kuring...


cag ah, hatur nuhun.

ps : kangge kang Junaedi di    Menara Global, Peryogi keneh Kumaha Cara 
Diserang "Tongo"?.    wikikikikik...... 


   
   

---------------------------------
   Looking for last minute shopping deals? Find    them fast with Yahoo! 
Search.    

 
     
                               

       
---------------------------------
Never miss a thing.   Make Yahoo your homepage.

Kirim email ke