Cenah jang ngusir tumila aya sababaraha cara
nurrutkeun pangalaman urang jakarta cenah
mun aya tempat nu dicurigai jadi tempat nyayang sakadang tumila
cukup dikeueum ku cai laut
tapi lamun jauh teuing ka laut mah anclomkeun we ka sumur
sok geura .... moal burung ........
firman tea
syam <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
tumila mah resepeun pisan ditempat nu nyelepet,kayaning disela sela lampit,
palupuh (talupuh), atawa dina sela-sela kasur, ari cara ngusirna mah gampang,
bere we plang anu ditulisan "tempat ini akan segera digusur harap segera
pindah" mun mantangul semprot we ku baygon atawa duruk we jeung kasur kasurna.
salian tempat nu disebutkeun diluhur, tumila ge boga tempat cicing pavorit
anu sarua nyelepetna,nyaeta sok betaheun nyelegon dina kelek nu geuliz
pangpangna nu sok biasa make baju lekbong. mun geus teu betaheun dina kelek
lantaran kelekna haben disemprot deodorant sok pindah nerelek ka luhur kana
sirah, matak mun aya nu geuliz gugutrut wae kana sirah, lain pedah salah sampo
atawa loba kotombe, tapi dina sirahna tumila keur karawinan bari nyaroco. mun
teu nerelek kaluhur nya sok turun kahandap, tetep teu jauh, neangan nu
nyelepet oge.
kulantaran hobina karawin (boa aya nu nyandung oge), tumila mah mun diantep
teu dibasmi sok leuya,baranahan,adi adian deui,incu incuan deui. abong tumila
teu apal alat kontrasepsi.
aya sisindiran nu nyabit nyabit tumila.
"tumila diadu boksen, dibelaan ku adina"
"beuki lila beuki bosen, kapaksa ngaheroan adina"
sr
*sanes ahli tumila komo baturna mah
----- Original Message -----
From: Pangeran Gogon
To: [email protected]
Sent: Thursday, January 03, 2008 8:04 AM
Subject: [Urang Sunda] Pangalaman Ngusir Tumila
baraya...
dupi di kusnet aya nu ngagaduhan pangalaman ngeunaan cara ngusir tumila?
kesel pisan tah ka si "bau" teh, komo tah lamun geus nyoco meni ateul pisan.
sok atuh ah dibagi pangalamannana ka sim kuring...
cag ah, hatur nuhun.
ps : kangge kang Junaedi di Menara Global, Peryogi keneh Kumaha Cara
Diserang "Tongo"?. wikikikikik......
---------------------------------
Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo!
Search.
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com