Leres..leressss pisssaaaan urang sunda mah superminoritas di BKN umumna jadi
PNS. Sing tahan kang, sing sabar nyonto ka urang wetan, tangguh, wani peureu.
Pesen sim kuring mah leungitkeun tah sipat urang sunda nu jadi PNS, kakara
mimiti bet harayang ditempatkeun, mutasi di jabar bae utamana di Bandung. Ulah
kitu kang, pake we pola urang wetan...tunggu tilu taun rebut beasiswa ka
mancanagara. Mun teu lepat BKN mah seueur ngirimkeun ka amerika nyarandak
Master of Public Administration. Jelas nya aya udageun 3 taun kahareup. Hiji
deui mun reformasi birokrasi, profesionalisme jalan terus Insya Allah
panghasilan PNS moal eleh ku swasta nyutat kana sistem nu diterapkeun di Bank
Indonesia.
Wilujeng makarya.
salam
Jalak Pakuan
Jatigede <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Haturan sadaya wargi....
Abdi nembe lulus janten CPNS di BKN(BAKN) di taun 2007-2008. Alhamdulillah.....
Mung nu janten helok....jarang pisan urang Sunda anu lebet naha pedah CPNS/PNS
gaji-na sakedik kitu? Perkenalan teh asalna Jawa deui Jawa deui....duh...ti 60
urang ngan aya 2 urang anu asli Sunda.
Nu hiji deui urang Bandung saurang, damel swasta di Karawang, mung sigana
ngundurkeun diri duka pedah tebih, duka gajina ageungan di perusahaannana.
Duka tah di Departemen sanes naha siga di BKN kitu nya?
Di milis ieu aya anu damel di BKN Kanreg Bandung, hoyong ngalih lah ka KANREG
Bandung he..he.....
Hatur nuhun...
Sahman
www.friendster.com/sahman
www.geocities.com/ex_orientelux Send instant messages to your online friends
http://uk.messenger.yahoo.com
Makarya Mawa Raharja
---------------------------------
Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search.