Nambihan info, taun 1997 - 1999, staf BI anu sakola di AS kenging uang bulanan US$ 1500, sababaraha ratus dolar langkung ti uang saku mahasiswa PNS Indonesia sanesna sareng langkung ti dua kali lipet uang bulanan nu ditampi ku mahasiswa Malaysia (US$ 700).
Upami ditilik tina kamampuan akademis, mahasiswa PNS ti departemendepartemen sanesna oge henteu eleh, malah seueur anu langkung sae prestasina manan mahasiswa kawit BI. Eta mah tos milikna (takdirna) wae panginten padamel BI kedah kenging panghasilan anu langkung. Tapi padamel departemen sanesna oge, sanaos masih dihandapeun standar BI, gajih sareng tunjangannana tos rada sae dibandingkeun sateuacanna. Komo deui padamel Ditjen Pajak mah. Tadi jam 7 wengi samobil sareng lulusan D1 STAN Cimahi (kaleresan anjeunna urang Ciugugur Kuningan) anu nembe damel di kantor pajak. Cenah anjeunna kenging gajih Rp. 5 jt. Lumayan ageung kanggo lulusan D1. Upami Kasi, cenah tiasa dugi ka ampir 20 jt (upami damel di LTO 2). Wangsit Prabu Siliwangi: Jung urang Sunda geura narindak jadi PNS. He he Punten mung nimbalan sual gajih / panghasilan, sanes mairan jejer da sim kuring kirang paos sual Unpad sareng kang Burhan mah. ----- Original Message ---- From: Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Friday, January 18, 2008 4:57:26 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Dr Burhanuddin Abdullah Sareng Karakter BI Fasilitas BI mah top lah sataun gajihna 18 kali plus..plus.. .plus.... fasilitas2. Benten padamel nagreg mah cekap 13 kali bari nu ka 13 (merekna THR tea) teh sarua jeung nu ti 1-12 nu sabenerna jauuuh pisan ti standar BI. Tapi pan teu babari jadi padamel BI mah pan biasana BI mah ngarekrut nu di ranking top ti sakola top! Change settings via the Web (Yahoo! ID required) Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch format to Traditional Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe Recent Activity 7New Members Visit Your Group Ads on Yahoo! Learn more now. Reach customers searching for you. Y! Messenger Send pics quick Share photos while you IM friends. Yahoo! Groups Improvement Zone Make and keep New Year's goals.. ____________________________________________________________________________________ Never miss a thing. Make Yahoo your home page. http://www.yahoo.com/r/hs

