Sagala hal anu aya pakaitna kana kakawasaan kalayan
"ngancrubkeun" atanapi ngalibetkeun massa (rahayat
loba), pasti narekahanana ngangge elmu politik. Dimana
salah sahiji tolok ukurna teh, sora anu panglobana.
Ceuk cenah mah nu kitu teh ngaranna demokrasi. Sok
sanajan loba "kalemahanana", tapi dianggap salah
sahiji cara anu "adil".
SOk sanajan IKA UNPAD teh hiji paguyuban anu teu ketat
dina perkara ngokolakeun orhanisasi, tapi tetep wae,
kedah dikelola sacara profesional, hartosna teu
kenging dijalankeun sacara "suka dan tidak suka"
atanapi urang sunda jeung urang sebrang. Da tos
ngahiji dina orhanisasi, nye kedah "mengacu" kana
visi sareng misi IKA UNPAD, suka atawa teu suka.
Muarana pan kana migeuykeun UNPAD.
Benten jiga di UNPAD, di UI, tos dua periode ieu,
kaetua ILUNI dicepeng ku Alumni UI asal sebrang
(Sumatera). Kahiji nyaeta Prof.Dr.dr. Azrul
Azwar,(Sumatera Barat) ayeuna di cepeng ku Dr. Sofyan
Djalil (Aceh). Ayeuna Rektor UI nuju milarian cara,
kumaha sangkan ILUNI UI teh ngabantos ngembangkeun UI.
NYa salah sawios carana teh, ngajenana ketua ILUNI UI
na calik sasarengan para senat akademik, dina acara
Dies UI. Padahal sateuacanna, ketua ILNUI UI ngan
dicalikkeun di tempat tamu kehormatan. Kasang tukangna
mah saur pa Rektor teh, ILUNI teh bagian integral
universitas. Janten kedah diajenan sacara terhormat.
baktos,
mrachmat uidipura
nu "calikna nyempod" di gerbang ui
--- dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Waduh kumaha atuh "kunaon Kang Burhan teh masih
> ngagem elmu sunda buhun terus?"
> Keputusan Kang Burhan, mani NYUNDA PISAN. Kahareup
> urang anu ngarora keneh kudu boga "gaya sunda wanda
> anyar" ngarah henteu "Jati kasilih ku Junti"
>
> wassalam,
> dudi_ss
.
____________________________________________________________________________________
Never miss a thing. Make Yahoo your home page.
http://www.yahoo.com/r/hs