Waduh  kumaha atuh "kunaon Kang Burhan teh masih ngagem elmu sunda buhun terus?"
Keputusan Kang Burhan, mani NYUNDA PISAN. Kahareup urang anu ngarora keneh kudu 
boga "gaya sunda wanda anyar" ngarah henteu "Jati kasilih ku Junti" 

wassalam, 
dudi_ss
  ----- Original Message ----- 
  From: Ahmad Dimyati 
  To: [email protected] 
  Sent: Friday, January 25, 2008 7:59 AM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Dr Burhanuddin Abdullah Sareng Karakter BI


  Panjang ari pidongengeun mah, engke mun tos rada salse dipedar deui. Ari 
hoyong togmol mah kieu kang JP: Kang BA ngaraos teu nyaman upami kedah 
kompetisi dina kondisi nu teu terkendali. Margi sistem pengerahan massa, 
pendaftaran peserta, sareng verifikasi keabsahanana henteu ngajamin pencegahan 
tina kalepatan atanapi kakaliruan. Henteu ari suuzhon kana kacurangan mah. 
Penyiapan pengerahan pendukung mah cekap, mung tim pendukung kang BA teu yakin 
kana kemampuan sareng "kawani" pihak sejen, terutami nu didukung ku organisasi 
massa. Memang matak hanjelu, barang dietang hasil pemungutan suara ternyata 
perkiraan jumlah pendukung kang BA lumayan tebih langkungna ti jumlah suara ka 
FMB. Sim kuring neda dihapunten ka sadaya warga urangsunda nu miharep kapilihna 
US dina Pilka IKA Unpad. Oge ngahaturkeun nuhun ka sadaya nu tos ngarojong BA 
ti alumni Fakultas-fakultas Pertanian, Ekonomi, FMIPA, Psikologi, Kedokteran 
Gigi, ISIP, IKOM sareng sajabina. Sanajan henteu resmi ditunjuk sebagai 
Pimpinan Tim Sukses (da memang teu aya), tapi katingalna ku berbagai pihak mah 
meureun kitu. Mangga urang candak hikmahna wae kanggo Pilkada Jabar sareng 
Pemilu 2009.

  Hatur nuhun
  AD

  ----- Original Message ----
  From: Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]>
  To: [email protected]
  Sent: Thursday, January 24, 2008 5:34:25 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Dr Burhanuddin Abdullah Sareng Karakter BI



  Cing punten pang jelaskeun naon atuh nu sabenerna alesan BA ngundurkeun diri 
tina KOMPETISI nepi ka IKA Unpad dicekel urang SEBERANG. Punten ulah basa basi 
muter2 teu pikahartoseun, tog mol to the point we lah.

  Salam
  JP
   
  Makarya Mawa Raharja



  ----- Original Message ----
  From: Ahmad Dimyati <[EMAIL PROTECTED] com>
  To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
  Sent: Friday, January 18, 2008 5:36:28 AM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Dr Burhanuddin Abdullah Sareng Karakter BI



  Hatur nuhun kanu malairan. Boh nu "miring" boh nu "ajeg". Duanana ge mapaesan 
babakan, ngabeungharkeun pangaweruh. Sim kuring mah kataji ku prestasi kerjana 
kang Burhan di BI. Oge ku pangaweruhna boh dina elmu ekonomi boh elmu 
pertanian. Seratanana tos seueur nu diterbitkeun. Mun sasauran tara panjang 
tapi munel. Matak isin peserta pertemuan nu sanes, nu sahandapeun tapi langkung 
dominan. Kang Burhan nuju mupuhuan ngabangun Perpustakaan dan Multimedia Center 
di kampus Jatinangor. Tong bujeng-bujeng Gubernur BI-na, dalah nuju sakola di 
Amrik ge kapungkur petugas belajar ti BI mah, jaba ti punjul dina tunjangan bea 
siswana oge seueur fasilitas tambahanana: sewa rumah, asuransi, ongkos angkut 
barang dina mulangna ka lemah cai sareng sajabina. Memang matak pikasirikeun, 
tapi da moal ari daek tukeur nasib mah. Nu katampi ayeuna ge tos 
mangpirang-pirang. Alhamdulillah.

  Baktos
  A. Dimyati


  ----- Original Message ----
  From: Jalak Pakuan <jalakpakuan@ yahoo.com>
  To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
  Sent: Friday, January 18, 2008 4:57:26 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Dr Burhanuddin Abdullah Sareng Karakter BI



  Fasilitas BI mah top lah sataun gajihna 18 kali plus..plus.. .plus.... 
fasilitas2. Benten padamel nagreg mah cekap 13 kali bari nu ka 13 (merekna THR 
tea) teh sarua jeung nu ti 1-12 nu sabenerna jauuuh pisan ti standar BI. Tapi 
pan teu babari jadi padamel BI mah pan biasana BI mah ngarekrut nu di ranking 
top ti sakola top! Jadi memang teu kudu sirik malah ceuk kuring mah BI nu kudu 
jadi conto, nu lain kudu ngudag supaya sabeusi sawaja.

  Tah kulantaran kandidat teh ti BI nu pastina boga ranking top ti sakola top 
(nu lain teu kudu komentar he..he...) jadi sigana mah "fit & proper". Mun 
kapilih jadi pupuhu IKA Unpad,  Gupernur BI nu oge pupuhu Ikatan Sarjana 
Ekonomi Indonesia (ISEI) asana moal diragukeun mere kontribusi nu munel boh ka 
Unpad oge urang sunda umumna, minimal dina ngaronjatkeun urang sunda diwidang 
ekonomi & pertanian.

  Sabenerna aya oge calon lain nu kapetakeun nyeta Sugeng Saryadi, tapi meureun 
kulantaran ti Pekalongan jadi sok isinan, dusunan, ngaku alumni ge siga teu 
wani he....he.... .Ngan hadena mun aya kempelan alumni di Jakarta anjeuna sok 
jadi sohibul beit di Four Seasons. 

  Hiji deui IKA Unpad teh can boga gedong sekretariat di Jakarta....kumaha tah 
kandidat sangem kitu ngadegkeun sekretariat?

  salam
  Jalak Pakuan
  alumni Lises Unpad, tukang takol goong jeung bonang

  Makarya Mawa Raharja



  ----- Original Message ----
  From: MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@ yahoo.com>
  To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
  Sent: Friday, January 18, 2008 12:31:06 AM
  Subject: [Urang Sunda] Dr Burhanuddin Abdullah Sareng Karakter BI


  Kuring nuju resep "nyanyi" migunakeun nada-nada
  "miring". Ceuk cenah nada anu dinaekkeun atanapi
  diturunkeun 1/2 nada teh, pamanis hiji lagu.
  Janten hapunten, upami "kawih" si kuring rada fals.

  Di Endonesia, ayeuna standar gaji PNS anu pang
  ageungna, nya padamel BI, anu ngurus paduitan
  nagara(ceuk kang Tirta). aya batur kuring sami-sami
  masantren di masigit Salman, janten salah sahiji
  direktur senior BI. Kapungkur kantos pendak di Lombok,
  anjeunna tugas di Mataram, kuring janten "kuli" di
  hiji LSM asing (Kanada) di Mataram. Tatangga sapalih
  bumi kuring, damel di BI. Ceuk cenah, upama tos
  ditampi damel BI, urang teh cekap ngajinjing hiji
  koper sareng ngagandeng istri. Bumi sareng parabotan
  eusina disayagikeun ku BI.
  aya dongeng salah sawios rerencangan anu ditampi
  janten padamel BI, tugasna nyayogikeun katuangan
  sadidinten Gubernur BI. Saurna teh cenah, waragad
  kanggo tuangna 2 juta sadintenna. (bandingkeun sareng
  "uang makan" gupernur Jawa Barat anu dianggarkeun di
  APBDna mung 300 rebu sadinten. kantos di postingkeun
  di milis ieu sababaraha taun kapengker).

  BI teh hiji lembaga anu independen anu ngatur moneter,
  teu aya katergantungan ka pamarentahan, pan diatur
  nyalira dina hiji undang-undang BI. Tapi kumargi
  independen tea, jadi sarwa rahasia. Kawenangan BI
  diantawisna nyaeta nangtoskeun rezim nilai tukar
  (rupiah), mengambang terkendali (managed floating)
  atanapi rezim nilai tukar mengambang bebas (free
  float).

  Jigana karakter BI, tos janten ngadarah daging ka Pa
  Burhanuddin Abdullah (alumni Michigan State
  University, benten sareng Michigan University).
  Untungna, mudah-mudahan atuh standar kasejahteraan BI
  dilarapkeun ka IKA Unpad sareng ka Unpad. Rugelna,
  sipat-sipat sarwa rahasia tong dicacandak ka
  lingkungan akademis.

  baktos,

  mrachmat uidipura
  can ngaraosan rezim komo deui rajam

  --- Ahmad Dimyati <[EMAIL PROTECTED] com> wroae:

  > Assalamu'alaikum wr wb.
  > Saptu sareng Ahad, 19-20 Januari 2008 bade digelar
  > acara Musyawarah Besar dan Reuni Akbar Ikatan
  > Keluarga Alumni Universitas Padjadjaran di kampus
  > Dipati Ukur, Bandung. Puncakna acara, Pemilihan
  > Ketua Umum IKA Unpad dina dinten Ahad 20 Januari di
  > Aula. Pemilihan bade dilaksanakeun kalayan langsung,
  > "one person one vote". Sim kuring salaku Ketua
  > Keluarga Alumni Fakultas Pertanian dirojong ku para
  > inohong alumni ti sababaraha Fakultas ngusulkeun
  > kang Burhanuddin Abdullah, Gubernur Bank Indonesia,
  > nu aslina ti Garut (KUSNET uninga henteu?), nu oge
  > alumni Faperta Unpad kanggo calon Ketua Umum IKA
  > Unpad periode 2008-2011. Anjeuna tos kersaeun.
  > Kacerdasan, karancagean, kamampuan anjeuna teu kedah
  > diadurenyomkeun. Oge kabersihan sareng komitmen-na.
  > Sanes tuturut munding ka IA ITB nu milih Hatta
  > Rajasa kanggo Ketuana, mung cek pangemut kuring
  > saparakanca kang Burhan dipikabutuh ku Unpad jeung
  > ku IKA Unpad pikeun ngaronjatkeun peran jeung
  > sumbangan Unpad lan IKA
  > Unpad ka masyarakat, bangsa jeung nagara. 
  > Upami kaleresan aya wargi alumni Unpad di ieu
  > babakan sim kuring umajak mangga sumping sareng
  > pilih kang Burhanuddin Abdullah DINTEN AHAD 20
  > JANUARI 2008 DI AULA UNPAD DIPATI UKUR 35. Upami
  > bade ngiring senam sareng acara lomba sanesna mangga
  > sumping ti jam 07.00. Upami bade ngiring pilihan
  > wungkul panginten tabuh 09.00 ge cekap. Diantos
  > pisaaaan kasumpinganana sareng pangrojongna. Hatur
  > nuhun.
  > 
  > Baktos,
  > Ahmad Dimyati
  > NB.: Komentar perkawis da'wah nu can anggeus, nagara
  > nu can anggeus, kedele sareng sajabina ti eta
  > ditunda heula, ngantos waktos nu rada salse.
  >.

  ____________ _________ _________ _________ _________ _________ _
  Looking for last minute shopping deals? 
  Find them fast with Yahoo! Search. http://tools. search.yahoo. com/newsearch/ 
category. php?category= shopping






------------------------------------------------------------------------------
  Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it 
now. 



  Send instant messages to your online friends http://uk.messenger .yahoo.com 




------------------------------------------------------------------------------
  Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search. 



  Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com  

Kirim email ke