Sanes kumargiKang BA tos biasa hidep dina sagala anu off the scale dibanding
anu sanes...janten ari soal posisi di IKA mah..wah handai lah kalahka
nganganggu pikiran manehna hungkul meureun....

On 1/25/08, dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>    Waduh  kumaha atuh "kunaon Kang Burhan teh masih ngagem elmu sunda
> buhun terus?"
> Keputusan Kang Burhan, mani NYUNDA PISAN. Kahareup urang anu ngarora keneh
> kudu boga "gaya sunda wanda anyar" ngarah henteu "Jati kasilih ku Junti"
>
> wassalam,
> dudi_ss
>
> ----- Original Message -----
> *From:* Ahmad Dimyati <[EMAIL PROTECTED]>
>  *To:* [email protected]
> *Sent:* Friday, January 25, 2008 7:59 AM
> *Subject:* Re: [Urang Sunda] Dr Burhanuddin Abdullah Sareng Karakter BI
>
>
>  Panjang ari pidongengeun mah, engke mun tos rada salse dipedar deui. Ari
> hoyong togmol mah kieu kang JP: Kang BA ngaraos teu nyaman upami kedah
> kompetisi dina kondisi nu teu terkendali. Margi sistem pengerahan massa,
> pendaftaran peserta, sareng verifikasi keabsahanana henteu ngajamin
> pencegahan tina kalepatan atanapi kakaliruan. Henteu ari suuzhon kana
> kacurangan mah. Penyiapan pengerahan pendukung mah cekap, mung tim pendukung
> kang BA teu yakin kana kemampuan sareng "kawani" pihak sejen, terutami nu
> didukung ku organisasi massa. Memang matak hanjelu, barang dietang hasil
> pemungutan suara ternyata perkiraan jumlah pendukung kang BA lumayan tebih
> langkungna ti jumlah suara ka FMB. Sim kuring neda dihapunten ka sadaya
> warga urangsunda nu miharep kapilihna US dina Pilka IKA Unpad. Oge
> ngahaturkeun nuhun ka sadaya nu tos ngarojong BA ti alumni Fakultas-fakultas
> Pertanian, Ekonomi, FMIPA, Psikologi, Kedokteran Gigi, ISIP, IKOM sareng
> sajabina. Sanajan henteu resmi ditunjuk sebagai Pimpinan Tim Sukses (da
> memang teu aya), tapi katingalna ku berbagai pihak mah meureun kitu. Mangga
> urang candak hikmahna wae kanggo Pilkada Jabar sareng Pemilu 2009.
>
> Hatur nuhun
> AD
> ----- Original Message ----
> From: Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]>
> To: [email protected]
> Sent: Thursday, January 24, 2008 5:34:25 PM
> Subject: Re: [Urang Sunda] Dr Burhanuddin Abdullah Sareng Karakter BI
>
>   Cing punten pang jelaskeun naon atuh nu sabenerna alesan BA ngundurkeun
> diri tina KOMPETISI nepi ka IKA Unpad dicekel urang SEBERANG. Punten ulah
> basa basi muter2 teu pikahartoseun, tog mol to the point we lah.
>
> Salam
> JP
>
> Makarya Mawa Raharja
>
>
> ----- Original Message ----
> From: Ahmad Dimyati <[EMAIL PROTECTED] com>
> To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
> Sent: Friday, January 18, 2008 5:36:28 AM
> Subject: Re: [Urang Sunda] Dr Burhanuddin Abdullah Sareng Karakter BI
>
>   Hatur nuhun kanu malairan. Boh nu "miring" boh nu "ajeg". Duanana ge
> mapaesan babakan, ngabeungharkeun pangaweruh. Sim kuring mah kataji ku
> prestasi kerjana kang Burhan di BI. Oge ku pangaweruhna boh dina elmu
> ekonomi boh elmu pertanian. Seratanana tos seueur nu diterbitkeun. Mun
> sasauran tara panjang tapi munel. Matak isin peserta pertemuan nu sanes, nu
> sahandapeun tapi langkung dominan. Kang Burhan nuju mupuhuan ngabangun
> Perpustakaan dan Multimedia Center di kampus Jatinangor. Tong bujeng-bujeng
> Gubernur BI-na, dalah nuju sakola di Amrik ge kapungkur petugas belajar ti
> BI mah, jaba ti punjul dina tunjangan bea siswana oge seueur fasilitas
> tambahanana: sewa rumah, asuransi, ongkos angkut barang dina mulangna ka
> lemah cai sareng sajabina. Memang matak pikasirikeun, tapi da moal ari daek
> tukeur nasib mah. Nu katampi ayeuna ge tos mangpirang-pirang. Alhamdulillah.
>
> Baktos
> A. Dimyati
>
> ----- Original Message ----
> From: Jalak Pakuan <jalakpakuan@ yahoo.com>
> To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
> Sent: Friday, January 18, 2008 4:57:26 PM
> Subject: Re: [Urang Sunda] Dr Burhanuddin Abdullah Sareng Karakter BI
>
>   Fasilitas BI mah top lah sataun gajihna 18 kali plus..plus.. .plus....
> fasilitas2. Benten padamel nagreg mah cekap 13 kali bari nu ka 13 (merekna
> THR tea) teh sarua jeung nu ti 1-12 nu sabenerna jauuuh pisan ti standar BI.
> Tapi pan teu babari jadi padamel BI mah pan biasana BI mah ngarekrut nu di
> ranking top ti sakola top! Jadi memang teu kudu sirik malah ceuk kuring mah
> BI nu kudu jadi conto, nu lain kudu ngudag supaya sabeusi sawaja.
>
> Tah kulantaran kandidat teh ti BI nu pastina boga ranking top ti sakola
> top (nu lain teu kudu komentar he..he...) jadi sigana mah "fit & proper".
> Mun kapilih jadi pupuhu IKA Unpad,  Gupernur BI nu oge pupuhu Ikatan Sarjana
> Ekonomi Indonesia (ISEI) asana moal diragukeun mere kontribusi nu munel boh
> ka Unpad oge urang sunda umumna, minimal dina ngaronjatkeun urang sunda
> diwidang ekonomi & pertanian.
>
> Sabenerna aya oge calon lain nu kapetakeun nyeta Sugeng Saryadi, tapi
> meureun kulantaran ti Pekalongan jadi sok isinan, dusunan, ngaku alumni
> ge siga teu wani he....he.... .Ngan hadena mun aya kempelan alumni di
> Jakarta anjeuna sok jadi sohibul beit di Four Seasons.
>
> Hiji deui IKA Unpad teh can boga gedong sekretariat di Jakarta....kumaha
> tah kandidat sangem kitu ngadegkeun sekretariat?
>
> salam
> Jalak Pakuan
> alumni Lises Unpad, tukang takol goong jeung bonang
>
> Makarya Mawa Raharja
>
>
> ----- Original Message ----
> From: MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@ yahoo.com>
> To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
> Sent: Friday, January 18, 2008 12:31:06 AM
> Subject: [Urang Sunda] Dr Burhanuddin Abdullah Sareng Karakter BI
>
>  Kuring nuju resep "nyanyi" migunakeun nada-nada
> "miring". Ceuk cenah nada anu dinaekkeun atanapi
> diturunkeun 1/2 nada teh, pamanis hiji lagu.
> Janten hapunten, upami "kawih" si kuring rada fals.
>
> Di Endonesia, ayeuna standar gaji PNS anu pang
> ageungna, nya padamel BI, anu ngurus paduitan
> nagara(ceuk kang Tirta). aya batur kuring sami-sami
> masantren di masigit Salman, janten salah sahiji
> direktur senior BI. Kapungkur kantos pendak di Lombok,
> anjeunna tugas di Mataram, kuring janten "kuli" di
> hiji LSM asing (Kanada) di Mataram. Tatangga sapalih
> bumi kuring, damel di BI. Ceuk cenah, upama tos
> ditampi damel BI, urang teh cekap ngajinjing hiji
> koper sareng ngagandeng istri. Bumi sareng parabotan
> eusina disayagikeun ku BI.
> aya dongeng salah sawios rerencangan anu ditampi
> janten padamel BI, tugasna nyayogikeun katuangan
> sadidinten Gubernur BI. Saurna teh cenah, waragad
> kanggo tuangna 2 juta sadintenna. (bandingkeun sareng
> "uang makan" gupernur Jawa Barat anu dianggarkeun di
> APBDna mung 300 rebu sadinten. kantos di postingkeun
> di milis ieu sababaraha taun kapengker).
>
> BI teh hiji lembaga anu independen anu ngatur moneter,
> teu aya katergantungan ka pamarentahan, pan diatur
> nyalira dina hiji undang-undang BI. Tapi kumargi
> independen tea, jadi sarwa rahasia. Kawenangan BI
> diantawisna nyaeta nangtoskeun rezim nilai tukar
> (rupiah), mengambang terkendali (managed floating)
> atanapi rezim nilai tukar mengambang bebas (free
> float).
>
> Jigana karakter BI, tos janten ngadarah daging ka Pa
> Burhanuddin Abdullah (alumni Michigan State
> University, benten sareng Michigan University).
> Untungna, mudah-mudahan atuh standar kasejahteraan BI
> dilarapkeun ka IKA Unpad sareng ka Unpad. Rugelna,
> sipat-sipat sarwa rahasia tong dicacandak ka
> lingkungan akademis.
>
> baktos,
>
> mrachmat uidipura
> can ngaraosan rezim komo deui rajam
>
> --- Ahmad Dimyati <[EMAIL PROTECTED] com <a_dimyathi%40yahoo.com>> wroae:
>
> > Assalamu'alaikum wr wb.
> > Saptu sareng Ahad, 19-20 Januari 2008 bade digelar
> > acara Musyawarah Besar dan Reuni Akbar Ikatan
> > Keluarga Alumni Universitas Padjadjaran di kampus
> > Dipati Ukur, Bandung. Puncakna acara, Pemilihan
> > Ketua Umum IKA Unpad dina dinten Ahad 20 Januari di
> > Aula. Pemilihan bade dilaksanakeun kalayan langsung,
> > "one person one vote". Sim kuring salaku Ketua
> > Keluarga Alumni Fakultas Pertanian dirojong ku para
> > inohong alumni ti sababaraha Fakultas ngusulkeun
> > kang Burhanuddin Abdullah, Gubernur Bank Indonesia,
> > nu aslina ti Garut (KUSNET uninga henteu?), nu oge
> > alumni Faperta Unpad kanggo calon Ketua Umum IKA
> > Unpad periode 2008-2011. Anjeuna tos kersaeun.
> > Kacerdasan, karancagean, kamampuan anjeuna teu kedah
> > diadurenyomkeun. Oge kabersihan sareng komitmen-na.
> > Sanes tuturut munding ka IA ITB nu milih Hatta
> > Rajasa kanggo Ketuana, mung cek pangemut kuring
> > saparakanca kang Burhan dipikabutuh ku Unpad jeung
> > ku IKA Unpad pikeun ngaronjatkeun peran jeung
> > sumbangan Unpad lan IKA
> > Unpad ka masyarakat, bangsa jeung nagara.
> > Upami kaleresan aya wargi alumni Unpad di ieu
> > babakan sim kuring umajak mangga sumping sareng
> > pilih kang Burhanuddin Abdullah DINTEN AHAD 20
> > JANUARI 2008 DI AULA UNPAD DIPATI UKUR 35. Upami
> > bade ngiring senam sareng acara lomba sanesna mangga
> > sumping ti jam 07.00. Upami bade ngiring pilihan
> > wungkul panginten tabuh 09.00 ge cekap. Diantos
> > pisaaaan kasumpinganana sareng pangrojongna. Hatur
> > nuhun.
> >
> > Baktos,
> > Ahmad Dimyati
> > NB.: Komentar perkawis da'wah nu can anggeus, nagara
> > nu can anggeus, kedele sareng sajabina ti eta
> > ditunda heula, ngantos waktos nu rada salse.
> >.
>
> ____________ _________ _________ _________ _________ _________ _
> Looking for last minute shopping deals?
> Find them fast with Yahoo! Search. http://tools. search.yahoo.
> com/newsearch/ category. php?category= 
> shopping<http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping>
>
>
>
> ------------------------------
> Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it
> now.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51733/*http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ%20>
>
>
>
> Send instant messages to your online friends http://uk.messenger .
> yahoo.com
>
>
>
> ------------------------------
> Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! 
> Search.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51734/*http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping>
>
>
>
> Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
>
> 
>

Kirim email ke