Ngiring nambahan,

Aya deui, cenah ceuk obrolan jero masyarakat, lamun nguburkeun mayit 
terus ngadadak aya hujan turun, sedengan teu ngagebret teuing, eta 
tandana mayit teh ditarima ku taneuh - jembarna alam- hartina, nu 
maot teh jalma soleh. Tapi eta mah dongeng masyarakat wae, malah 
ngaharib kana "filsafat kabeneran" anu ngarupakeun kasalahan dina 
filsafat (falacy of phylosophy). Babaledogan meureun ceuk Sundana mah.

"Falacy of phylosophy" teh ngarupakeun sakumpulan kasalahan jelema 
berfilsafat (siga filsafat, tapi sabenerna mah logikana - boh 
premisna atawa silogismena - salah). Contona, anu kungsi kapanggih, 
upamana unggal babaturan kuring nu ngaranna si dadap datang ka imah, 
seja sepungan, kaparengkeun hujan, tuluy wae kuring teh berfilsafat 
(ngadalil, siga kieu: "Euy, kadatangan maneh mah mawa hujan wae".

Enya, tuda dina kasus anu maot ngadatangkeun hujan, upamana, kumaha 
lamun anu maot teh usum hujan? Sing jelema sakumaha dorakana oge 
kamungkinan inyana pas dikuburkeun pas hujan teh gede kacida. 
Jadi...ngaitkeun kajadian alam jeung kajadian anu kaalaman ku manusa 
dina wangun "falacy phylosophy" siga tadi teh gede pisan kamungkinan 
salahna. Babaledogan tea atuh, teu kuat dalilna, malah ngaharib 
kana...ceuk Mh ...eh saur Kang Ajip tea mah: mitos.

Anu ngeunaheun mah memang ngobrolkeun fakta (sanajan naon anu 
disebut "fakta" ceuk sagolongan atawa saurang jelema can tangtu sarua 
disebut "fakta" ku golongan atawa jelema sejenna. Anu akhir ieu mah 
pakait jeung epistimologi atawa cara neangan bukti atawa data, 
sigana). Ngan nyakitu, kalan-kalan fakta mah sok matak pikanyerieun. 
Geura ieu fakta ngeunaan kumaha bangsa Indonesia (bener kitu bangsa 
Indonesia sagemblengna?) ngeunaan saha sabenerna anu disebut pahlawan 
di Indonesia?

Dina siaran salah sahiji statsiun tv mangkukna, diwartakeun ku nu 
maca eta warta, ngeunaan 3 pahlawan di Indonesia. Ieu teh dina raraga 
padungdengan -malah debat kasebutna - ngeunaan kahayang sagolongan di 
Indonesia pikeun maparin gelar pahlawan ka HMS: naha geus waktuna 
atawa tacan. Pahlawan anu 3 teh kieu cenah:
1) Ir. Soekarno, presiden RI nu kahiji, sang proklamator, nu kahiji 
tina dwitunggal Soekarno-Hatta, dipaparin gelar pahlawan nalika 17 
tahun saba'da anjeunna ngantunkeun;
2) Dr. Mohammad Hatta, wakil presiden nu kahijiu, nu kadua tina 
dwitunggal Soekarno-Hatta, dipaparin gelar pahlawan ku Pamarentah, 
dina taun ka 6 (atawa 6 taun) sanggeus anjeunna wafat;
3) Ibu Tien Soeharto, isteri presiden kadua Indonesia nalika masih 
aya dikieuna, kenging gelar pahlawan ti pamarentah Indonesia nalika 7 
bulan sanggeus anjeunna wafat.

Tuh pan fakta mah kitu. Nyakitu tea, punten wae bisi matak ngerenyed 
mah. 

cag.
manAR
  

 

  
--- In [email protected], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> > From: "jaka ekalaya" <[EMAIL PROTECTED]>
> > Akan halnya Pak Harto, orang yang memimpin Indonesia
> > lebih dari tiga dasawarsa, sahabat saya yang
> > sebenarnya lulusan sebuah perguruan tinggi Amerika,
> > percaya terjadinya hal serupa. Ia yakin, angkasa
> > Jakarta yang pekat digayuti awan hitam sejak Sabtu
> > pekan lalu pun, tak lain dari pertanda. Ahad itu, di
> > hari kematian Pak Harto, di sekeliling Jakarta dan
> > Solo hujan memang mengguyur deras.
> 
> Ari di lembur kuring mah beda deui, lamun langit poek mongkleng 
terus  hujan 
> angin, gelap dar-der-dor, walungan caah, jalma-jalma teh sok 
ngararomong, 
> aya nu rek malidkeun mayit di walungan, kulantaran eta mayit teh 
teu 
> ditarima taneuh, kulantaran munjung,  jadi kudu dipalidkeun di 
walungan 
> ......
> 
> Ah ketang, eta mah ukur kapercayaan urang lembur.
> 
> Baktos,
> WALUYA
>


Kirim email ke