Ngiringan ah .sateuacan bouncing deui.haha

 

Nyerat perkawis hujan simkuring janten inget waktos George W Bush sumping ka
Tunggul Kawung, kaleresan uwing teu kamana2 aya di imah, teu lila torojol
bae ka imah urang baduy maksudna mah rek ngiyuhan sakedeng lantaran hujan
leutik tapi teu poek, dideukeutan tah si baduy kukuring, rek diajak ngobrol.

 " Di dayeuh rek aya semahnya ...?", 

" Saha emangna..." ceuk kuring pura-pura teu nyaho

"Urang sabrang..." ceuk manehna, 

"Enya..ti Amerika" ceuk kuring, 

"Pantes atuh ...hujanana jiga kieu .."ceuk manehna deui. Deg..wae hate
kuring ngarasa nyantol/sarua jeung manehna.

"Kunaon kitu hujana.." Ceuk kuring pura - pura panasaran

"Hujan keur nyambut tamu...wilujeung sumping ti karuhun urang" ceuk manehna

"Ooh...kitu" ceuk kuring, bari hate kuring nga "amin " keun naon anu jadi
kapercayaan manehna.

" Pantes atuh anu demo/protes teu meunang dukungan.ti nu boga imah..lantaran
semah tea meureun " ceuk kuring

"Heu..euh.."

"Jadi urang mah kudu bageur kasaha wae.komo kana tamu mah bari datang mawa
duit..hahahahah" heureuy kuring

"??????????...."si Baduy teh hulang huleng asa teu nyambung.

 

Kaayaan hujan nu turun sarua basa keur organisasi fokalismas ngarak
tatabeuhan, ti wewengkon tatar sunda, arak-arakan bari meuleum
menyan....hujan turun ririncik leutik " Hujan .Wilujeung Sumping" ceunah

 

Ngobrolkeun kebenaran anu transedental mah memang rada sesah, lantaran teu
nyata, salah sahiji kebenaran transendental sok aya  dina folklor
masyarakat, walau dianggap tahayul/semu ku urang-urang, tapi memang
dijeronaaya nilai kebenarannya nu terkadang disumputkeun ku nu ngarang
atanapi para pujangga.

 

Sering ngunem catur jeung salah sahiji babaturan,nu kukuring dianggap
istimewa, disebat istimewa lain kulantaran manehna sakola luhur S3, saumur
hirup linggih di luar nageri, pinter jeung beunghar, boga tanah 75
hektar.hahaha..lain. Unggal anjeuna berargumen sok sering aya kalimah
"...menurut buku yang saya baca" atau "menurut yang saya ketahui.." ceunah,
"beu..kuring mah buku wae teu kabeuli, komo maca mah" jero hate kuring.
Matak kukuring sok dijawab " Menurut perasaan saya..." atau langsung "Ceuk
hate saya....", " Kunaon ceunah make "perasaan saya" ?", Ceuk kuring
kebenaran itu teu aya batas dijero kebenaran eta masih aya keneh kebenaran
yang lain, jadi kebenaran itu tak terhingga (sanes kitu baraya milis?), sama
perasaan juga hal yang abstrak nu kebenarannya tidak terhingga, janten anu
hiji mah ceuk buku anu hiji deui ceuk parasaanana, dua-duana sarua tidak
terhingga. Alesan kuring di "amin"keun babaturan simkuring anu doktor. Matak
mun ngaos buku komo buku biografi mah kedah terang saha nu nulisna, pan
ayeuna mah loba buku perkawis "Uwing" bari nu nulis "Dewek".sok seuri wae
kuring mah. Moal dibaca nu kitu mah ku Uwing, masih inget keneh aya jelema
nulis buku mun rek pemilu jaman Smilling Jendral...hahahaha

 

Tos ah sakitu wae.kebenaran ceuk kuring mah..lantaran anu disebut Haq mah
ngan gusti pangeran, can aya jelema anu tos tepang jeung Al Haq mah.

 

TAJIMALELA

 

 

 

  _____  

Kirim email ke