sami-samig kang dhipa hatur nuhun mani ancad laer serat teh.. ngeunah kana ceuli abdi kang..
muhun kang cigana mah abdi jeung nu sanesna nu teu ka elem mah dianggap na calik dina laut atawa di haseup alias di awang-awang tea nya.. atawa boa2 dianggap dina pucuk daun cau hehehehhe perkawis dianggap giat dina budaya sunda asana heret pisan fikiran panitian mun kitu, pan nu giat na budaya teh lain urang bandung wungkul sanes? lain anu benghar wungul nya' lain nu sok jaipongan wungkul lain nu sok nalungtik sajarah sunda wungkul sanes janten ulah diwilah-wilah kahoyong abdi mah.. naha model abdi anu resep kana pencak, resep kana kasenian sunda resep berbahasa sunda sok sanajan kasar teu kaasup nu teu giat kana budaya sunda, naha budaya sunda teh saukur urang bandung? tah janten ku abdi kaciri panitia teh rada hereut fikiran nana dina masalah ngawengku kasundaan kirang langkung kitu kang, janten kapanitian anu maos iyeu email sok guar kadieu nu kumaha ari nu giat kana budaya sunda? baktos Agus Pakusarakan On Mon, Feb 4, 2008 at 10:21 AM, dhipagaluh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Hatur nuhun, Kang Agus. > > Ku ayana informasi ti Kang Agus ogé, kuring jadi terang yén panitia > téh manahoréng ngawilah-wilah "urang Sunda anu aya di internét". > Ongkoh di antara jejerna téh hoyong nyieun pajemuhan antara "anu di > internét" sareng "anu di darat". > > Ana kitu mah Kang Agus téh dianggapna ngancik di awang-awang atanapi > di laut. Tapi bisa jadi, Kang Agus dianggap anu henteu giat dina > widang kabudayaan Sunda. Margi, panitia nyebatkeun judulna pajemuhan > téh kirang-langkung "Agenda Pajemuhan Nepungkeun nu Giat dina > Kabudayaan antara nu di Darat jeung nu di Internet". Hiji judul anu > pararadu, henteu dikonsép, atah kabina-bina. > > Kang Agus, kuring henteu terang kalayan écés saha-sahana nu hadir tur > naon kacindekan tina éta pajemuhan. Sabab, kuring henteu ngiring > pajemuhan. Tadina mah badé ngahadiran, tapi diantos-antos waleran > serat ti panitia téh henteu jol baé. Anu torojol téh kalah Cucu. > Wengina… torojol Cucu deui. Cucu sareng cucu wé anu sumping téh. Teu > aya serat waleran ti panitia mah. > > Jadi, sigana panitia teu bisaeun ngajawab surat kuring (komo > ngadebat), da puguh teu gaduheun argumén anu pertéla. Padahal kuring > ogé bakal ngama'lum upama panitia bingung ngajawabna. Kilang kitu, > surat kuring tetep perelu dibales, sakurang-kurangna ngaku kana > kahéngkéran tatahar éta acara. Teu kudu réa alesan itu-ieu, upama > jejerna teu jelas mah, mending aku wé henteu jelas. > > Atuh dina poé Ahad ogé, anu norojol téh kalah Lugiena De, pangarang > Sunda anu jangkung luhur simbar dada, mahasiswa UPI Bandung. Lugiena > ngirim peuteuy 7 papan sareng sukun dua sirah. Malah tuluy dipesék ku > manéhna, dikeureutan, tur digoréng ku manéhna kénéh. > > Kuring teu pati resep ngagoréng sukun téh. Tapi ari ngadaharna mah > sedep kabina-bina. Teu lami ti harita, torojol serat ti panitia > gempungan… aéh lepat, Kang. Maksad téh torojol sapasang nonoman numpak > vésva. Nu hiji jenenganana Ari. Nu hiji deui mah Ciko, aktivis Daya > Mahasiswa Sunda (Damas). Der wé balakécrakan ngahanca goréng sukun. > Kuring nepi ka dua kali pulang-anting ka kamar cai. Margi… (ieu mah > élmu) buah sukun téh saé pisan kanggo nu katarajang panyawat sesah > miceun. Tapi ulah seueur teuing nuangna, bilih méncrét. > > 7 Langkah Mudah Menjadi Web Master, aéh… maksad téh 7 papan peuteuy, > dua sirah sukun, Lugiena De, Ari, Ciko, raket patalina sareng > pajemuhan di Unpad. Margi, pabuburit, torojol Dadan sareng Kiai Ahmad > Gibsol Al-Bustomi, guru kuring. Dadan sareng Kang Gibson téh apan > mulih ngaluuhan pajemuhan. Teras wé balakécrakan tuang sareng peuteuy, > goréng asin kéré, sambel buatan Lugiena, pleus leunca. Tah, palih > dinya hubunganana antara peuteuy, sukun, Lugiena, Ari, Ciko, sareng > pajemuhan di Unpad. > > Naon kacindekan tina pajemuhan téh? Kuring yakin, panitia moal bisaeun > ngadadarkeun kacindekanana. Bet nyieun surat ogé meni wawayagon pisan. > Kuring henteu ngobrol panjang lébar jeung Dadan atanapi Kang Gibson > ngeunaan éta pajemuhan, da kuring geus bisa ngira-ngira siga kumaha. > > Nu jelas mah, ladang tina pajemuhan téh Dadan mah manggih mukena anu > ngagantung dina motorna. Duka mukena saha. Jadi, saha baé anu hilap > ngagantungkeun mukena dina motor Dadan, tiasa ngintun e-mail ka: > [EMAIL PROTECTED] <dadansutisna%40yahoo.com> atanapi > [EMAIL PROTECTED] <dhipagaluh%40yahoo.com>. Kuring yakin 100% > tur wani taruhan, yén anu kakantun mukena téh pasti istri. Kunaon > pangna éta mukena digantungkeun dina motor Dadan? Tah, ieu mah aya > sababaraha kamungkinan, di antarana: > 1. Anjeunna hilap kana motorna (motor Dadan mirip sareng motor anjeunna) > 2. Anjeunna aya nu ngajak chating pas ngalangkung ka payuneun motor > Dadan. Lajeng anjeunna chating heula, sok wé mukena mah digantungkeun > dina motopr Dadan. > 3. Anjeunna resepeun kana motor Dadan. > 4. Anjeunna aya haté kadua leutik ka Dadan tur ngahaja nyimpen éta > mukena supados kaimpikeun ku Dadan. > 5. Anjeunna seueur teuing mukena di bumina, lajeng hoyong masihan > mukena ka Dadan. > 6. Anjeunna miwarang Dadan énggal-énggal gaduh kabogoh nu nyantri > kalayan dipancing ku mukena; sareng kamungkinan sanésna > > Ku kituna, sakali deui, ka Tétéh atanapi Ibu anu ngaraos kaicalan > mukena, mangga saénggalna ngintun email, bilih kabujeng diical ku > Miftahul Malik. Henteu kedah ngajukeun proposal. Komo ngalampirkeun > surat keterangan rajin solat ti DKM mah. Cekap sebatkeun namina, > alamatna dimana, gaduh putra istri nu lalagasan sabaraha urang, sareng > nomor kontakna. > > Kapayunna, ieu kagiatan nu teu puguh alang-ujurna téh muga baé sing > jadi pieunteungeun. Upama badé ngadamel acara téh sing asak nyusun > konsépna, transparan dina ngabacarkeun waragadna (mun aya nu > ngawaragadan), tur ngabéjaanna ulah dipilihan nu seueur artos wungkul, > siga saur Kang Agus. > > Baktosna > DHIPA GALUH PURBA > Kuring ogé: ANTI DISKRIMINASI > > --- In [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>, Agus > Pakusarakan > > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Assalamu'alaikum Wr Wb, > > wilujeng enjing baraya sadayana kumaha damang? > > kamari isuk2 di Bakus > > ([email protected]<urangsunda%40yahoogroups.com> > ) > > kuring maca uleman anu di haturkeun ku kang oman ka kang dhipa > > nu terusna di cemplungkeun ka milis ku kang dhipa > > > > tah kumaha hasik gempungan kabudayaan eta (saurna gempungan > kabudayaan sunda) mung nu diulum teu kabeh urang sunda (nu alimeun > diulem nu hoyong sumping teu diulem) > > > > abdi hoyong terang kumaha hasilna naha aya anu kuduh di teruskeun > lengkahna atawa mung saukur gempungan sabiasana nu ukur aya hasil > kanggo sewang-sewangan? > > > > hatur nuhun > > salam baktos > > Agus Pakusarakan (Anti Diskriminasi) > > > > > > > ---------------------------------------------------------- > > > AGUS PAKUSARAKAN > > +62 81283 776 62 / +62 81806170432 > > > ---------------------------------------------------------- > > UWJ | Azzoman | Abu Hafizh | Pakusarakan > > > ---------------------------------------------------------- > > > > KAS I USAHA | FINGERPRINT | SOFTWARE | MultiJasa > > > ---------------------------------------------------------- > > > > > > > > > > > --------------------------------- > > Never miss a thing. Make Yahoo your homepage. > > > > > -- ----------------------------------------------------------- AGUS PAKUSARAKAN 08128377662 www.hr-uwj.com (mangga geura deu2l dulur urang rek manggung ----------------------------------------------------------- Koperias Amanah Sunda www.inkas.wordpress.com www.azzoman.wordpress.com www.azzoman.indonetwork.co.id www.indonetwork.co.id/azzoman --------------------------------------------------------------------- http://aguspakusarakan.blogspot.com/ http://geocities.com/prabu_siliwangi http://geocities.com/lodaya_9 http://siliwangi.blogs.friendster.com

