Upamana bae Kang Dhipaa atawa nu sanesna ngahartikeun yen kuring nganggap diri leuwih pinter batan urang darat (di antarana bae anu sumping: Abah Surya, Abah Yus Rusyana, Ambu Diana, Kang Dadang M., jst.), mangga teh teuing, moal rek ngabantah atawa ngaenyakeun.
On 2/4/08, dhipagaluh wrote: > > Hanjakalna éta tulisan Kang Kumi (mairan Kang Agus jeung kuring) bet > asa harianeun pisan. Kang Kumi kedahna obyéktif, ulah kéna-kéna diulem > pikeun masihan présentasi. Sok mangga uningaan ku Kang Kumi, naon > tujuanna éta pajemuhan anu digembor-gembor ku panitia? Sanés saukur > masihan présentasi ka urang darat ti urang internét. Tapi tujuanna téh > "nepungkeun anu giat di internét jeung anu di darat". Upama Kang Kumi > gaduh pamadegan siga kitu,hartosna Kang Kumi gaduh angkeuhan yén urang > internét langkung palalinter batan urang darat, anu antukna urang > internét mah dianggap teu penting ngabandungan preséntasi ti urang > darat. >

