Kahatur Kang Dipha oge Kang Agus Pakusarakan, Budalkeun wae Kang, sok abdi siap nampina. Hehehe... Abdi seja mairan dina raraga klarifikasi wae, sanes seja manjangkeun parea-rea omong. Hapuntenna.
Perkawis gempungan, alhamdulillah cios. Teu aya anu ngawaragadan, kajabi caneuteun sareng fasilitas tempat ti Kang Ganjar, di wisma Unpad tea, oge ti abdi biaya fotocopi bahan presentasi (handout). Anu dimaksad caneuteun teh nyaeta: kopi, teh, sareng lalawuhna. Sakitu wae da anu haladir oge teu miharep anu langkung ti eta (sanes bade balakecrakan, jsb). Kedah nganggo sumpah, Kang? Mangga, demi Alloh, teu aya waragad sanesna anu katampi ku abdi kanggo eta riungan kajabi anu tos disebat nembe plus: infocus (kenging nambut ti kantor abdi) + abdi numpang mobil Kang Tirta ti kantor abdi ka tempat riungan. Hapunten henteu sadayana diulem tumali sareng bilih tempat henteu nyekapan. Emutan teh engke hasilna wae dipostingkeun. Eta mah kanggo kapraktisan wae, teu aya maksad ngawilah-wilah atanapi diskriminasi. Ka Kang Agus, hapunten henteu kaulem. Ua Sas diulem, oge Mj, via email. Namung Ua Sas teu aya ngareply uleman. Rupina komputerna ku virus. Mj aya ngadugikeun hapuntenna moal tiasa ngiringan (reply kana uleman ti payun). Bahan anu dipresentasikeun sapalih kungsi ditingalikeun ka Ua Sas waktos Konferensi Basa Sunda Taun 2005 di Subang. Kang Kumi oge ngadugikeun bahan dina eta riungan mangrupi presentasi ngeunaan Wikipedia. Eusina mah ngeunaan naon anu tos dihasilkeun ku sadayana dulur-dulur urang di ieu milist. Maksadna ngajakan sangkan sadayana - nu rancage atawa anu teu rancage, anu mindeng di internet atawa anu henteu mindeng, tiasa ngarojong ngalebetan karya-karya urang Sunda dina internet sapetos wikipedia Sunda, jsb; atawa ngahucuhkeun nu sanes sangkan nyeueuran karya-karya sarupi kitu. Sakitu wae Kang ti abdi. Kapayun Insya Alloh upami aya rencana riungan deui sadayana diulem, kalawan mudah-mudahan aya anu ngabiayaan (kanggo caneuteun tea hehehe). Sugan Kang Dipha atanapi Kang Agus, oge nu sanesna. Pon kitu deui, bilih ti para wargi milist aya anu gaduh maksad ngadamel riungan, mangga bebas wae. Hatur nuhun kana koreksian sareng nasehatna. Abdi nampi kana naon anu lepat ti abdi. Hapunten ka dadayana tina samudaya kakirangan abdi. Kalayan sakedik talatah ti abdi: aya saena upami email japri atanapi japri group dibales ka japri atanapi japri group deui. Pon kitu keneh sabalikna, email anu ka milist dibales deui ka milist. Asana anu siga kitu teh kalebet kana etika bermilist atawa ngagunakeun komunikasi via email. baktosna, manAR --- In [email protected], "dhipagaluh" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Hatur nuhun, Kang Agus. > > Ku ayana informasi ti Kang Agus ogé, kuring jadi terang yén panitia > téh manahoréng ngawilah-wilah "urang Sunda anu aya di internét". > Ongkoh di antara jejerna téh hoyong nyieun pajemuhan antara "anu di > internét" sareng "anu di darat". > > Ana kitu mah Kang Agus téh dianggapna ngancik di awang-awang atanapi > di laut. Tapi bisa jadi, Kang Agus dianggap anu henteu giat dina > widang kabudayaan Sunda. Margi, panitia nyebatkeun judulna pajemuhan > téh kirang-langkung "Agenda Pajemuhan Nepungkeun nu Giat dina > Kabudayaan antara nu di Darat jeung nu di Internet". Hiji judul anu > pararadu, henteu dikonsép, atah kabina-bina. > > Kang Agus, kuring henteu terang kalayan écés saha-sahana nu hadir tur > naon kacindekan tina éta pajemuhan. Sabab, kuring henteu ngiring > pajemuhan. Tadina mah badé ngahadiran, tapi diantos-antos waleran > serat ti panitia téh henteu jol baé. Anu torojol téh kalah Cucu. > Wengina torojol Cucu deui. Cucu sareng cucu wé anu sumping téh. Teu > aya serat waleran ti panitia mah. > > Jadi, sigana panitia teu bisaeun ngajawab surat kuring (komo > ngadebat), da puguh teu gaduheun argumén anu pertéla. Padahal kuring > ogé bakal ngama'lum upama panitia bingung ngajawabna. Kilang kitu, > surat kuring tetep perelu dibales, sakurang-kurangna ngaku kana > kahéngkéran tatahar éta acara. Teu kudu réa alesan itu-ieu, upama > jejerna teu jelas mah, mending aku wé henteu jelas. > > Atuh dina poé Ahad ogé, anu norojol téh kalah Lugiena De, pangarang > Sunda anu jangkung luhur simbar dada, mahasiswa UPI Bandung. Lugiena > ngirim peuteuy 7 papan sareng sukun dua sirah. Malah tuluy dipesék ku > manéhna, dikeureutan, tur digoréng ku manéhna kénéh. > > Kuring teu pati resep ngagoréng sukun téh. Tapi ari ngadaharna mah > sedep kabina-bina. Teu lami ti harita, torojol serat ti panitia > gempungan aéh lepat, Kang. Maksad téh torojol sapasang nonoman numpak > vésva. Nu hiji jenenganana Ari. Nu hiji deui mah Ciko, aktivis Daya > Mahasiswa Sunda (Damas). Der wé balakécrakan ngahanca goréng sukun. > Kuring nepi ka dua kali pulang-anting ka kamar cai. Margi (ieu mah > élmu) buah sukun téh saé pisan kanggo nu katarajang panyawat sesah > miceun. Tapi ulah seueur teuing nuangna, bilih méncrét. > > 7 Langkah Mudah Menjadi Web Master, aéh maksad téh 7 papan peuteuy, > dua sirah sukun, Lugiena De, Ari, Ciko, raket patalina sareng > pajemuhan di Unpad. Margi, pabuburit, torojol Dadan sareng Kiai Ahmad > Gibsol Al-Bustomi, guru kuring. Dadan sareng Kang Gibson téh apan > mulih ngaluuhan pajemuhan. Teras wé balakécrakan tuang sareng peuteuy, > goréng asin kéré, sambel buatan Lugiena, pleus leunca. Tah, palih > dinya hubunganana antara peuteuy, sukun, Lugiena, Ari, Ciko, sareng > pajemuhan di Unpad. > > Naon kacindekan tina pajemuhan téh? Kuring yakin, panitia moal bisaeun > ngadadarkeun kacindekanana. Bet nyieun surat ogé meni wawayagon pisan. > Kuring henteu ngobrol panjang lébar jeung Dadan atanapi Kang Gibson > ngeunaan éta pajemuhan, da kuring geus bisa ngira-ngira siga kumaha. > > Nu jelas mah, ladang tina pajemuhan téh Dadan mah manggih mukena anu > ngagantung dina motorna. Duka mukena saha. Jadi, saha baé anu hilap > ngagantungkeun mukena dina motor Dadan, tiasa ngintun e-mail ka: > [EMAIL PROTECTED] atanapi [EMAIL PROTECTED] Kuring yakin 100% > tur wani taruhan, yén anu kakantun mukena téh pasti istri. Kunaon > pangna éta mukena digantungkeun dina motor Dadan? Tah, ieu mah aya > sababaraha kamungkinan, di antarana: > 1. Anjeunna hilap kana motorna (motor Dadan mirip sareng motor anjeunna) > 2. Anjeunna aya nu ngajak chating pas ngalangkung ka payuneun motor > Dadan. Lajeng anjeunna chating heula, sok wé mukena mah digantungkeun > dina motopr Dadan. > 3. Anjeunna resepeun kana motor Dadan. > 4. Anjeunna aya haté kadua leutik ka Dadan tur ngahaja nyimpen éta > mukena supados kaimpikeun ku Dadan. > 5. Anjeunna seueur teuing mukena di bumina, lajeng hoyong masihan > mukena ka Dadan. > 6. Anjeunna miwarang Dadan énggal-énggal gaduh kabogoh nu nyantri > kalayan dipancing ku mukena; sareng kamungkinan sanésna > > Ku kituna, sakali deui, ka Tétéh atanapi Ibu anu ngaraos kaicalan > mukena, mangga saénggalna ngintun email, bilih kabujeng diical ku > Miftahul Malik. Henteu kedah ngajukeun proposal. Komo ngalampirkeun > surat keterangan rajin solat ti DKM mah. Cekap sebatkeun namina, > alamatna dimana, gaduh putra istri nu lalagasan sabaraha urang, sareng > nomor kontakna. > > > Kapayunna, ieu kagiatan nu teu puguh alang-ujurna téh muga baé sing > jadi pieunteungeun. Upama badé ngadamel acara téh sing asak nyusun > konsépna, transparan dina ngabacarkeun waragadna (mun aya nu > ngawaragadan), tur ngabéjaanna ulah dipilihan nu seueur artos wungkul, > siga saur Kang Agus. > > > Baktosna > DHIPA GALUH PURBA > Kuring ogé: ANTI DISKRIMINASI > > > > > --- In [email protected], Agus Pakusarakan > <prabu_siliwangi@> wrote: > > > > Assalamu'alaikum Wr Wb, > > wilujeng enjing baraya sadayana kumaha damang? > > kamari isuk2 di Bakus ([email protected]) > > kuring maca uleman anu di haturkeun ku kang oman ka kang dhipa > > nu terusna di cemplungkeun ka milis ku kang dhipa > > > > tah kumaha hasik gempungan kabudayaan eta (saurna gempungan > kabudayaan sunda) mung nu diulum teu kabeh urang sunda (nu alimeun > diulem nu hoyong sumping teu diulem) > > > > abdi hoyong terang kumaha hasilna naha aya anu kuduh di teruskeun > lengkahna atawa mung saukur gempungan sabiasana nu ukur aya hasil > kanggo sewang-sewangan? > > > > hatur nuhun > > salam baktos > > Agus Pakusarakan (Anti Diskriminasi) > > > > > > > -------------------------------------------------------------------- -------------- > > > AGUS PAKUSARAKAN > > +62 81283 776 62 / +62 81806170432 > > > -------------------------------------------------------------------- -------------- > > UWJ | Azzoman | Abu Hafizh | Pakusarakan > > > -------------------------------------------------------------------- -------------- > > > > KAS I USAHA | FINGERPRINT | SOFTWARE | MultiJasa > > > -------------------------------------------------------------------- --------------- > > > > > > > > > > > --------------------------------- > > Never miss a thing. Make Yahoo your homepage. > > >

