Budak leutik bisa ngapung
Babaku ngapungna peuting
Nguriling kakalayangan
Néangan nu amis-amis
Sarupaning bubuahan
Naon waé nu kapanggih

Tutungkusan ti karuhun
Dipiara dipupusti
Ku warga di alam maya
Nu karasép nu gareulis
Komunitas Urang Sunda
Di Internét seja ngancik


Ku bubuka dua pada Pupuh KINANTI di luhur, kuring neda widi deui ka
sadayana pikeun mairan panitia pajemuhan di Wisma Unpad, anu
Alhamdulillah wartosna tos lumangsung kalayan lungsur langsar.

Kang Oman, dulur kuring ti tatar Galuh, hatur nuhun kana waleranana.
Tapi ulah lepat harti, da kuring mah teu ngajak paréa-réa omong. Di
ieu milis, kuring henteu ngomong sakecap-kecap acan, éstuning mung
tiasa ngedalkeun eusi haté ku tulisan. Jadi, lepat kabina-bina upama
kuring dianggap ngajak paréa-réa omong.

Basa kuring nulis ieu surat, sakapeung diselangan heula ku maca buku
"Yang Datang Telanjang" (Surat-surat Ajip Rosidi dari jepang
1980-2002, Kepustakaan Populer Gramedia, 2008), anu kandelna 804 kaca.
Eusi surat-surat Kang Ajip Rosidi téh ditujukeun ka Asrul Sani,
Nugroho Notosusanto, Subagio Sastrowardoyo, sareng sajabina.  

Kitu kahirupan di darat mah, surat-surat téh nepi ka dibukukeun, bisa
dibaca ku saha baé nu daék meuli, nginjeum, atawa ménta buku. Jadi,
balaka baé, kuring kakara terang upama di milis aya étika yén surat
japri kudu diwalonan ka japri, pon kitu deui surat group diwalonan
deui ka group. Ana kitu mah heureut pisan kabébasan di dunya maya téh,
dunya anu cenah mah global, tempat pakumbuhan jalma (boa kaasup jin)
saalam dunya. 

Surat kuring nu munggaran, henteu aya anu dibantah ku Kang Oman.
Ngandung harti, sagala anu ditulis ku kuring téh luyu jeung
kanyataanana. Batan ngabantah eusi surat mah, kalah masualkeun téknis
surat. Tapi teu sawios-wios, upama katiasana ngan samet dinya mah
tangtos dima'lum ku kuring ogé.

Pangna surat kuring dicemplungkeun ka group, aya sawatara alesan. Di
antarana:
1.      Kuring tara biasa susulumputan, kajaba mun nuju bobogohan.
2.      Kuring teu terang upama anu diulem téh mung sabagéan warga Kusnét
(dipilihan), sabab dina eusi surat Kang Oman, ditandeskeun yén Kang
Oman ngawakilan sadayana. Ari ngawakilan sadayana, hartosna sadayana
ogé otomatis aruningaeun. Upama Kang Oman ngakukeun ngawakilan
sadayana bari ukur sababaraha urang nu uninga, naha éta kalebet étis
di dunya milis?
3.      Surat kuring ka japri henteu diwalonan baé, antukna dicemplungkeun
ka group. Malah upama henteu diwalonan kénéh mah pasti bakal
dipidangkeun di galuh-purba.com, jeung dikirimkeun ka sunda.web.id,
herni2nisih.blogspot.com, putrisunda.multiply.com, sarta situs-situs
séjénna anu kasawang bakal kersaeun ngamuat tulisan (sanés omongan)
kuring. Di darat ogé, kuring sok kitu. Lamun tulisan henteu dimuat di
hiji média massa, pasti kuring bakal néangan média séjénna anu
kersaeun ngamuat tulisan kuring. Pasti bakal aya nu kersaeun, da
kuring yakin Gusti Alloh Maha Adil.

Perkawis laporan waragad dina gempungan kamari, saumur nyunyuhun
mastaka, aéh… hulu, asa nembé ngaos laporan waragad dibarung ku
susumpahan. Sigana kedah diajar akuntansi. Kang Oman nyebatkeun teu
aya nu ngawaragadan, kajabi caneuteun jeung fasilitas di Wisma Unpad. 

Kumaha logikana éta kalimah téh? Apan caneuteun sareng fasilitas téh
mangrupi waragad. Naha bet nyebat teu aya nu ngawaragadan? Cobi wé
étang, sabaraha upami mésér caneuteun sareng sabaraha upami nyéwa
fasilitas? Kalebet sumbangan moto kopi ti Kang Oman ogé, nu nambutkeun
infokus, apan éta ogé kalebet waragad. 

Upama kuring mah, sigana bakal kieu basana téh: Alhamdulillah,
pajemuhan parantos lumangsung kalayan diwaragadan ku Pangersa Ganjar
Kurnia, mangrupi fasilitas Wisma Unpad, katuangan anu sakitu
raoseunna, ditambih ku waragad ti simkuring mangrupi biaya moto kopi
sareng mangusahakeun infokus. Nu langkung utami, maksad transparan téh
sanés hartosna kedah susumpahan sagala, tapi sumangga konsultasi ka
ahlina, neuleuman cara-carana ngalaporkeun hiji kagiatan.

Dina pasualan uleman, anu didugikeun ku Kang Agus, éta ogé teu kénging
dilalaworakeun. Ulah nyandak praktisna baé, komo bari alesanna henteu
logis. Kantun ngeunteung wé ka HBH (Halal Bi Halal), anu lumangung
kamari ieu di Cipayung waktos manggung… aéh, "waktos manggung"-na mah
henteu kalebet. 

Sanaos sadayana diulem, apan nu hadir téh henteu nyéépkeun tempat dugi
ka heurin usik. Di Wisma Unpad ogé, asa piraku upami henteu kawadahan
mah. Bet anu diulem ogé, sanés hiji-dua anu teu tiasa sumping téh,
patali aya wagelan anu tangtos langkung utami. Mung hiji, ulah
ngawartosan Miftahul Malik. Margi anjeunna mah sok aku-aku angga. Moal
henteu, majarkeun téh éta anu ngarempel mangrupi massa anjeunna, tur
siap milih Pa Agum Gumelar, Pa Dani Setiawan, atanapi Pa Ahmad
Héryawan. Omat, jalmi éta mah sok kitu.

Kang Kumi, aktivis wikipedia Sunda, satadina kuring moal
nyabit-nyabit, sabab geus terang kana ketak Kang Kumi. Kuring salut
tur kalintang ngajénan kana hanca gawé Kang Kumi anu tos napak tur
kaala mangpaatna. Hébat pokona mah, Kang Kumi téh. 

Hanjakalna éta tulisan Kang Kumi (mairan Kang Agus jeung kuring) bet
asa harianeun pisan. Kang Kumi kedahna obyéktif, ulah kéna-kéna diulem
pikeun masihan présentasi. Sok mangga uningaan ku Kang Kumi, naon
tujuanna éta pajemuhan anu digembor-gembor ku panitia? Sanés saukur
masihan présentasi ka urang darat ti urang internét. Tapi tujuanna téh
"nepungkeun anu giat di internét jeung anu di darat". Upama Kang Kumi
gaduh pamadegan siga kitu,hartosna Kang Kumi gaduh angkeuhan yén urang
internét langkung palalinter batan urang darat, anu antukna urang
internét mah dianggap teu penting ngabandungan preséntasi ti urang
darat.   

Pamungkasna, hawatos ka Kang Agus sareng ka sadayana anu nganti-nganti
hasil gempungan. Sumangga, geura tembrakeun baé siga kumaha
kacindekanna téh. Anu ngintun poto mah tos seueur. Hatur nuhun pisan
ka nu ngarintun poto, aya geuning nu katingalina masih lalagasan,
mudah-mudahan kersaeun dijodokeun ka Agus Bebeng. Tapi… aduh,
pangapunten nun ka Pangersa mrachmat uidipura, éta mani diuar-uar
disebat tamu henteu diondang. Pami ninggang ka kuring, tangtos bakal
éra parada. Padahal mah teu kedah disebatkeun: henteu diondang. Margi,
kesan "henteu diondang" mah dikaitkeun kana sagala rupi ogé bakal
négatif, kajaba tamu ti "Cibeureum" anu sok maneuh sumping ka Nyi Mojang.

Sakitu anu kapihatur. Kirang sareng langkungna, neda agung cukup lumur
jembar pangampunten; ti luhur sausap rambut- ti handap sahibas dampal
– ti tengah sakuliah nu gagah.

Hurip Sunda
Baktosna
Dhipa Galuh Purba

(Ka sadayana, upami nuju salsé atanapi nuju riweuh, 
sumangga dihaturanan lalinggih ka rorompok kuring,
di: http://galuh-purba.com) 







--- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Euh... Kusabab disabit, nya 'kapaksa' kuring ngilu ngomong, najan
sabenerna
> nu langkung payus mah cekap ti pihak panitia (atos ti Kang Oman).
> 
> Intina mah kieu, acara kamari teh presentasi atawa pidangan ti
kusnet keur
> nu di darat. Mun nu diulem urang Kusnet keneh, naon anehna atuh? Anu
datang
> ti Kusnet, misalna wae kuring, nya memang rek presentasi ka nu
sarumping.
> Kitu tah...
> 
> On 2/4/08, Budhi Setiawan wrote:
> >
> >   On 2/4/08, Agus K PAKUSARAKAN wrote:
> > >
> > >   hiji pertarosan abdi ari anu giat kana budaya sunda anu kumaha?
> > >
> > nu disebat giat nyaeta nu ngiringan nyerat dina wikipedia basa
sunda ...
> > ceuk kang kumincir bari lumpat ...
> >
> 
> 
> -- 
> sikandar
> kumincir.blogspot.com
>


Kirim email ke