Eumh...!!

MSasmita


  ----- Original Message ----- 
  From: dhipagaluh 
  To: [email protected] 
  Sent: Wednesday, February 06, 2008 7:55 AM
  Subject: [Urang Sunda] Kahatur Pangersa Ua Sasmita


  Duh bulan mapaés langit
  Peuting ieu alam éndah
  Ngahudang galura sono
  Moal laas selang mangsa
  Ngaliwatan aksara
  Seja nyawang lir nu tepung
  Ka salira nu dihormat

  Ka kersana Kang Ismail
  Pangersa Uwa Sasmita
  Nu dihormat dipikolot
  Teu kakantun ka Mang Jamal
  Ogé ka Kang Iskandar
  Nu naratas kusnét tepung
  Kalebet Kang Eko Ruska

  Dua bait pupuh ASMARANDANA di luhur, dihaturkeun kanggo Ua Sas,
  minangka bubuka ieu surat abdi. Mugia ku Ua katampi kalayan
  kabingahan, tur mugia Ua salawasna aya dina panangtayungan Alloh SWT,
  Amin. Hapunten abdi teu tiasa ngahaturkeun nanaon, mung sakadar pupuh
  anu tiasa janten teu aya hartosna. Nanging, mugi kauninga ku Ua, réhna
  abdi tara sagawayah ngalebetkeun hiji komo dua-tilu nami jalmi kana
  karya pupuh. Upami aya nami jalmi anu dilebetkeun kana pupuh karya
  abdi, hartosna éta jalmi kalintang istiméwa di payuneun abdi. 

  Badé henteu istiméwa kumaha, Kang Ismail, tokoh ti Kuningan, nu
  ngawitan ngalalanyahan ieu milis ping 8 Méi 2000. Lajeng anu munggaran
  nguncénan ieu milis téh apan salira Ua, teras Mang Jamal, Kang
  Iskandar, sareng Kang Eko Ruska Nugraha. Kitu sakaterang abdi mah, Ua.
  Kalayan Alhamdulillah dugi ka kiwari ieu milis langkung rempeg
  anggotana, tur ta eusi pagunemanna ogé kawilang euyeub. Bingah
  kagiri-giri, binagh amarwatusa abdi téh, Ua. Margi, abdi ogé diangken
  minangka salahsaurang anggota di ieu milis, ti taun 2002 asana mah
  (punten bilih lepat). Nanging rumaos, salami éta, abdi mah teu acan
  kantos nyumbang artos sapésér-pésér acan kanggo rupaning kagiatan dina
  ieu milis. Kama'lum ku Ua ogé panginten, abdi mah henteu kalebet nu
  seueur artos.

  Kamari téh abdi ngaos seratan Ua, ngeunaan "mundut hapunten wiréh teu
  tiasa ngaluuhan pajemuhan di Unpad". Balaka baé, abdi dugi ka nyurucud
  cisoca. Naha Ua mani kedah mundut hapunten sagala? Ua téh sesepuhna
  ieu milis? Mun badé ogé panitiana nu nyaluyukeun sareng kagiatan Ua.
  Iraha Ua rinéhna, tah éta waktosna gempungan. Abong Ua mah jalmi
  soléh, wijaksana, leuleus jeujeur liat tali, landung kandungan laér
  aisan. Abdi langkung hormat ka Ua.

  Ua, anu dipihormat. Gempungan kamari téh wartosna mah suksés, dina
  perkawis diluuhan ku para inohong. Tapi anéhna, Kang Oman teu tiasa
  ngadadarkeun hasil éta gempungan, sakirang-kirangna kacindekanana.
  Padahal, wartosna, anjeunna téh moderatorna. Ari nu namina moderator,
  bujeng hingga énjingna, malah dina waktos harita kénéh ogé kedah tiasa
  nyindekeun hasil padungdengan. Kitu sakaterang abdi mah moderator téh,
  da abdi kantos sababaraha kali kapapancénan janten moderator atanapi
  panumbu catur. Margi, pami nurutkeun abdi mah, kasuksésan hiji acara
  téh henteu tiasa diukur ku saha-sahana anu sarumping, tapi ukuranana
  mah naon anu dihasilkeun tina éta pajemuhan. Punten bilih abdi lepat, Ua. 

  Anu saterasna, wawakil panitia ogé mani susumpahan, malih nyebat Asma
  Pangéran, majarkeun téh henteu aya nu ngawaragadan, kajaba katuangan
  sareng fasilitas wisma Unpad. Asa muringkak bulu punduk ngaos laporan
  panitia ku susumpahan, Ua. Nembéan abdi mah ngaos laporan panitia hiji
  acara mani siga nu henteu nyakola. Tapi anu harianeun deui mah, éta ku
  nyebatkeun teu aya nu ngawaragadan téa. Padahal ari katuangan sareng
  fasilitas téh apan waragad. Naha bet siga nyapirakeun bantosan ti
  Pangersa Kang Ganjar, nya, Ua? Tada teuing sedihna Kang Ganjar, upami
  uningaeun éta bantosanana disapirakeun. Teu ngartos abdi mah, Ua.

  Saleresna ku abdi ogé parantos dikintunan serat, Ua. Tapi teu diwaler
  baé da Ua. Ari abdi pan tara maksa. Wios naha, badé diwaler nuhun,
  henteu ogé da seueur ieuh istri nu sok nyeratan ka abdi.
  Romantis-romantis ngaosna ogé nya, Ua. Tapi. abdi téh aya kapanasaran,
  wiréh anjeunna ngayakeun pajemuhan atas nami Kusnét, tapi henteu
  wawartos ka anggota kusnét, atanapi dipilihan wé sababaraha jalmi.
  Patarosan abdi, ari anjeunna téh janten naon kalungguhanana di ieu milis? 

  Aya deui nu abdi ngaranjug téh. Taya sanés ku sikep Kang Kumi.
  Satadina mah abdi moal nyabit-nyabit anjeunna, da tos katingal hasil
  karyana ogé, jaba dina acara kamari posisina jadi panyatur. Anjeunna
  nyalira nyebatkeun henteu payus mairan nu naroskeun perkawis
  gempungan, da nu payusna mah panitia, kitu cenah. Ongkoh nyebat teu
  payus, tapi dilakonan, Ua. Alesanana, lantaran namina kasabit-sabit.
  Naha mani géhgéran pisan nya, Ua? Abdi ogé nyabit-nyabit Kang Ajip
  Rosidi, tapi anjeunna henteu ujug-ujug mairan bari komo
  mangmeunangkeun panitia anu sidik teu tiasaeun ngabantah serat abdi nu
  kahiji ogé.

  Kang Kumi nyebatkeun, naon anéhna mun ngulem urang Kusnét? Margi anu
  jadi panyaturna ogé ti Kusnét, badé préséntasi ka urang darat. Tapi
  dina émprona, apan nu janten panyatur téh sanés Kang Kumi wungkul, da
  mani rempeg ti tokoh-tokoh anu di darat ogé. Naha urang internét
  dianggap henteu penting ngalenyepan pedaran urang darat? Anéh abdi
  mah, Ua. Dupi anjeunna téh janten naon di ieu milis? 

  Aya éta ogé haréwos bojong, saurna Kang Oman sareng Kang Kumi téh tos
  janten kuncén. Upami leres kitu, saéna mah dipertimbangkeun deui, Ua.
  Upami tiasa mah nu janten kuncén milis téh jalmi nu jembar manah,
  kersa nampi kritik, maparin conto saé ka sadaya anggota, sareng
  ngajénan ka sadaya anggota (Komo ka Kang Agus, anu masih kénéh réréhan
  Kang Ismail). Ari abdi mah sasaha ogé moal weléh satuju, Ua. Sanaos
  Kang Oman sareng Kang Kumi ogé, abdi moal nampik. Margi, sacara
  pribadi mah abdi teu gaduh kaawonan nanaon. Éstuning abdi mah mung
  nyorot sikep sareng léngkah-léngkahna, sanés kana pribadi jalmina.
  Pami tiasa, abdi mundut ka Ua, supados dua jalmi éta dipaparin
  naséhat, sangkan diajar ngajénan anggota milis. Ageungna ieu milis téh
  apan ku alatan seueur anggotana. "Bangsa yang besar adalah bangsa yang
  menghargai sejarahnya!". Ku kituna, abdi mah tetep ngahormat Kang
  ismail, Ua, Mang Jamal, Kang iskandar, sareng Kang Éko Ruska Nugraha,
  anu naratas ieu milis.

  Sakitu anu kapihatur. Kirang sareng langkungna hapunten anu kasuhun.
  Sakali deui, mugia Ua sakulawargi séhat walapiat, teu kirang sandang,
  teu kirang pangan, tur ta salawasna aya dina pangaping sareng
  panangtayungan Alloh SWT, amiin.

  Ranggon Panyileukan, 6 Pébuari 2007
  Baktosna

  Dhipa Galuh Purba
  http://galuh-purba.com



   

Kirim email ke