Nu katangkep ku kuring tina acara "kupastuntas" tadi peuting:
Langit Kresna leuwih milih jeung ngolotok ngaran-ngaran, neneh, gelar Hayam
Wuruk tibatan nerangkan naha Majapahit teu langsung nyerang ka Galuh jeung
Pakuan mun enya sa-Nusantara( Nusantara: daerah patalukan Majapahit) geus aya
dina "beureum-bodas"(bahasa Langit Kresna: hijaunya) na Majapahit. Teuing
ketang mun hartina Nusantara nu ditulis dina buku Pararaton jeung Negara
Kertagama teh wewengkon nu kungsi dianjangan wungkul.
Cenah Galuh jeung Sunda geus muka dagang jeung bangsa sejen, sedengkeun Gajah
Mada ngeunteung ka jaman Singasari, mangkana sa-nusantara kudu ngahiji da lamun
henteu bakal ditalukkeun ku urang mongol tea. Ieu mah...alesan nu dijieun abad
19 waktu ngalawan walanda. Jeung deuih....mun alesanna naklukeun Galuh, naha
bet di golodog sorangan? Mun kamari George Bush waktu di Kebon Raya Bogor
disantet ku Ki Gedeng Pamungkas utah paku, injuk jeung "uger" tepika
henteuna, naha Amerika jadi patalukan Indonesia?
Ceuk kuring, Langit Kresna ngajawab "based on" sejarah Indonesia, lain
nitenan naha omongan urang Galuh sakitu kanyenyerianana saperti dina kidung
Sundayana. Pan..kudu aya nu dikorbankeun meureun....teu ngarti wae! Teu kudu
seuri wae...ceurik oge perlu komo batur mah, ngaranana oge hirup. Carita kudu
hirup jeung manjang!
Parandene kitu, maneh ngaku yen "Kabeureuyan mah tara ku tulang munding tapi
ku cucuk peda!".
Hermawan katingali sahayuna, boa-boa samemehna kudu ngapalkeun script, tapi
sabaraha kali jawabanana hade sapertina anggapan teu meunang kawin jeung urang
jawa. Nu hebring ceuk kuring, pamadegan Hermawan nyaeta niatna ngahijikeun
urang Sunda jeung urang Jawa (menjembatani), nu sabenerna meureun urang
Majapahit kana pasualan ieu.
Bohong lamun di tatar sunda euweuh ngaran jalan Majapahit. Contona di
Jakarta, Tangerang aya. Cacakan di Bandung oge aya, bengkel Gajah Mada di Jl.
Lengkong Besar deukeut kampus Unpas gigireun jauh RM Cibiuk. Nu dihanjakalkeun
teh ayeuna anggapan umum lolobana mun ngaku urang Sunda identik jeung urang
Bandung...diheueuhkeun deuih tibatan rada ngadodol yen tatar sunda teh lain
Bandung wae. Mun bisa mah...ngadodolna ti saacan jaman es liur, meh rada
enyay-enyayan yen urang Indonesia teh memang dulur ti baheula.
Sugan repeh rapih kertaraharja teh lain dina tulisan wungkul!
siporenges
---------------------------------
Be a better friend, newshound, and know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.